Hatur nuhun Kang Malki kana pancaangna. Hiji deui patarosan teh, 
patarosan "lieur" sabenerna mah. Kieu, ayeuna padumuk didunya teh aya 
6,5 milyar urang. Nu Muslim nya sabudeureun 2-2,5 milyar lah. Ieu 
hartina GEUS DIPASTIKEUN 4 MILYAR asup ka naraka. Nu 2-2,5 milyar 
muslim, oge acan tangtu asup ka sawarga, sabab aya kriteriana. Jadi 
hartosna eusina naraka tangtu prosentasena gede pisan. Bisa-bisa nu 
lebet Sawarga ngan 1%. Nu lebet sawarga umat pilihan pisan. Cik tah 
kumaha "logika owah" si kuring ieu? ....terus terang we kuring bingung 
mikiranana.

Perkawis Abu Thalib teu lebet Islam, eta saur urang Sunni, ceuk urang 
Syiah mah benten deui, mangga we tingali dina website2 syiah. Tapi ieu 
sakadar informasi, teu kedah dipadungdengkeun soal ieu mah.

Baktos,
WALUYA 

--- In [email protected], "malki_tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> assalamualaikum 
> punteun simkuring nembe tiasa maeran sapertos nu kapungkur waktos na 
> terbatas pisan, mung tiasa dua kali tina saminggon ngainternet teh, 
> seueur padamelan, sareng dinten senin simkuring teh ngarespon tapi 
> duka teu nonggol dina milis ieu teh, janteun punteun ka moderator 
> kunaonnya aya nu leupat dina email simkuring atanapi emang di blok 
> he..he..., janteun eta patarosan ka moderator.
> 



Kirim email ke