Punten bade ngarewong. sim kuring Isuhar seja ngiringan ngobrol dina ieu millis. Perkawis media cetak nu kapungkur sim kuring asa kaemutan yen dina file sim kuring aya media cetak kaluaran tahun 1922-1923. Namina eta media cetak teh "POESAKA SOENDA" nu dikaluarkeun ku Java Instituut. Supados jelas ku sim kuring bade di kintunkeun kana ieu Web ngalangkungan alamt e-mail [EMAIL PROTECTED] Mangga nyanggakeun manawi bahan katampi.
baktos Isuhar --- In [email protected], Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Perkara Media Citak Sunda > > Rumasa geus lila tara noongan Kusnet, bari jeung aya nu diteangan, Senen kamari mah ngahaja ngingkig ka warnet. Ari keur ngorehan Urang Sunda, gorehel manggih tulisan ieu: > > saleresna mah tos ti kapungkur kahoyong teh. ngadamel majalah sunda nu > saur kang Ush Kompas mah, nu gaul. kang MGT kantos oge miwarang > pangnyetingkeun, dina page maker. mun teu teras. harita artikelna kirang, > jaba kang MGT mah teu ngoboy ari nyerat teh. daria bin seurieus. heuheu. > waragad ongkoh duka nyarumput dimana. rencana namina teh tos aya, US, tina > urangsunda tea. Heuheu. (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/97750) > > Asa diingetan: Kuring can nyieun laporan ngeunaan hal eta. Nyieun mah eunggeus, ketang. Ngan kapopohokeun bae rek dialungkeun ka milis teh. Nepi ka, biasa, eta "laporan" teh teuing ka mana. Sigana mah tinggaleun dina hard disk majalah tempat kuring baheula digawe. Da, harita teh, ngalakonan eta "proyek" teh nya harita. Mangsa kuring gawe keneh di eta majalah. > > Alatan teu kapanggih tea, nya kapaksa kuring nyieun laporan deui. Nya ieu, nu keur dimimitian ditulis atawa dibaca ayeuna. Ieu oge sakalian ngengklokan naon nu didugikeun ku Apih Sidik waktos HBH di Cibatu kamari. Saur si Apih, anjeunna hoyong Kusnet nerbitkeun majalah. "Bahan-bahanna mah, pan seueur di Kusnet. Kantun mulungan," kitu, kirang langkung, nu disaurkeun ku Apih. Teu beda jeung nu kungsi diobrolkeun kuring jeung MJ. (Ka pangersa Apih Sidik, punten abdi ngangge basa pantaran. Sanes teu hormat, nanging supados teu pambeng bae. Neda nawakupna). > > Enya, harita, kuring jeung MJ kungsi naratas soal media ieu. Malah, lian ti MJ nyieun dummy-na, hal ieu kungsi oge diobrolkeun sareng Uwa Sas. Nya, dipayuneun Uwa Sas kuring nyanggupan ngilu aub dina eta media. Pon kitu deui sabaraha-sabarahana modal nu diperlukeun. Sanajan, perkara modal eta ku kuring diralat dina proposal nu ku kuring dijieun, nu engkena kungsi diiderkeun ka sawatara inohong, nu ku sangkaan kuring harita bakal ngarojong dina harti nu satemenna. > > Ngan, nyakitu: Ti mimiti Sekjen Dephankam, staf ahli Menteri Pendidikan, hiji bupati, jeung sawatara kepala dinas di sawatara kabupaten, saukur nyarios: "Sae, yi. Sok teraskeun". Padahal, nu dipiharep mah pan leuwih ti kitu? Kahayang teh, "Yi, peryogi modal sabaraha? Tah, Akang ngan boga sakieu. Sabaraha persen saham bagian Akang? Tah ieu wawakil Akang" bari sor mikeun duitna atawa cek. Hahaha... Tapi, pan, saha kuring? > > Antukna, "proyek" eta teh gagal. Paling heunteu saheulaanan. > > (Eh, perkara duit, aya ketang inohong nu -- pas kuring rek balik ti bumina -- rek ngeupeulan amplop. Tapi, harita lain urusan majalah. Urusan buku. Mun teu salah mah buku Kusnet nu kadua, SSSS. Nya, jelas ku kuring teu ditarima. Lain teu butuh duitna. Tapi, pan kuring mah wartawan? Teu meunang narima amplop nu...ipis. Oge, kuring lain bendahara YP. Jeung deui, matak MJ ngahaja nyieun no rekening YP dina eta buku, ambeh nu ngirim duit teh langsung ka dinya. Teu kudu ka nu lian. Praktis, jeung ngajaga nu teu perlu aya. Tapi, teuing... ). > > Lian ti ngalalanyahan soal media citak, harita kuring oge ngadeukeutan sawatara radio nu boga perhatian kana kasundaan. Salah sahijina, kuring kungsi diajakan siaran ku Juragan Hawe di radio teuing naon (keur poho ngaranna) nu aya di Cigereleng. Malah, mun teu salah, MJ jeung Uwa Sas oge kungsi diondang kana eta acara teh. Ngan, nya teu laju eta "pendekatan" teh. Ongkoh, waktu badami leuwih jauh jeung nu kagungan eta radio, aya nu teu nyambung. Atawa can bisa disambungkeun. Boh ngeunaan fungsi media, bisnisna, oge ngeunaan kasundaan jeung kumaha migeykeunnana. > > Eta intina laporan ngeunaan soal majalah nu dummyna kungsi dijieun MJ teh. Ngan sakitu. Tapi, sawatara waktu ti harita, kuring dicalukan ku Den Hawe. Ditepungkeun jeung Abdullah Mustafa, di Disbudpar. Ngajak badami ngeunaan nerbitkeun koran (urang Sunda). Malah badamina ge nepi ka dua kali harita teh. Nu ka dua, tadina rek sakalian jeung Her Suganda -- di Cupumanik. Ngan, Kang Her-na teuing ka mana. Teu sumping. Nu badami teh ngan tiluan: Kuring, Kang Abdullah, jeung Hawe. Kang Rahmat, wuwuhan seueur pidameleunnana, ngan ukur ngengklokkan sakali-sakali. Pon kitu deui Kang Yayat Hendayana, nu cenah kaleresan ngalangkung nyimpang ka dinya. Malah, gempungan teh ahirna karah ngaheureuyan si Kang Yayat. > > Harita, kuring ngusulkeun: Eta media terbitna di Jakarta. Ku naon di Jakarta, sanajan usum otonomi daerah ge, tetep bae Jakarta teh puseur pamarentahan. Naon nu nyampak di dinya gede pangaruhna ka daerah, utamana ka Tatar Sunda. Bubuhan saamparan. (Conto nu natrat: Megalopolitan, runtah, cai, kawasan industri, banjir, UI, BSD, Nur Mahmudi, jste). Malah, keur kuring, sanajan tetep nyekel profesionalisme dina prak-prakannana, eta koran teh jadi sarupaning "lobby Sunda" di tingkat nasional, nu memperjuangkeun kapentingan -- ekonomi, politik, budaya -- Sunda secara nasional. Nu kumaha kapentingan Sunda teh? Sigana teu kudu dijelaskeun deui. Di mana kudu ge dijelaskeun, "konsep" nu disodorkeun Paguyuban Pasundan (mun teu salah) waktu usum pilihan Gubernur bareto bisa dipake: "nyantri, nyakola, nyantika, nyunda". (Ngan, omat ulah dipengkolkeun jadi "nyantri, nyandung, nyalikong, nyunda"). > > Alesan lianna, sacara ekonomi, pasar Jakarta jauh leuwih alus manan daerah. Boh daya beli, minat baca, ongkos-ongkos, oge peluang iklan. Paling heunteu mun ningali kasus majalah-majalah tempat kuring gawe baheula : 60-80% pasar, nya Jakarta (Jabodetabek). Mun urang geus nyekel pasar Jakarta, bisa disebut geus nyekel daerah lianna. Kaasup Tatar Sunda, nu tangtuna, oge jadi pasar andelan ieu media. > > Paling heunteu, Jakarta kudu jadi andelan heula samemeh penetrasi ka daerah lian. Ku naon kitu? Nya leuwih gampang (alatan potensi ekonomi jeung minat bacana tadi) jeung leuwih murah, boh distribusi oge nagihna. Nyekel dua agen bae nu beuneur, geus cukup. Pasti nepi ka Cikande, Ciomas, atawa Cikarang. Mun basis (ekonomi) ieu geus kacekel, ka daerah leuwih gampang. Leuwih murah. > > Ku alatan perkara ekonomi eta, oge alesan "lobby Sunda di tingkat nasional" tadi, ieu media nya kudu make basa Indonesia. Lain teu nyaah kana Basa Sunda. Tapi, perkara minat baca jeung daya beli. Jeung deui, media Basa Sunda, keur kuring, geus cukup. Geus aya Mangle, Cupumanik, jeung Galura. (Malah ayeuna geus aya Koran Sunda). > > Obahna pamadegan kuring eta, ngeunaan teu perlu deui media Basa Sunda, lian ti noong beaya nu leuwih realistis, oge aya pakaitna jeung pangalaman Mangle tur Cupumanik. Nu, beh dituna oge pakait jeung katineung kuring (nu jelas teu realitis) ngeunaan Sunda nu ngahiji. > > Tapi, saencan ngacapruk kana Mangle jeung Cupumanik, komo soal Sunda nu ngahiji, kuring rek maratkeun heula soal babadamian jeung Kang Abdullah tea. Lian ti babadamian di Cupumanik teh, teu lila ti harita, kuring dicalukan deui ku si Hawe. Harita mah lain di Bandung. Tapi, di Pasar Minggu, Jakarta, di bumina Pa Ajip. Lian ti Pa Ajip ku anjeun, harita aya Aa Sudirman (Suara Pembaharuan), Teten Masduki (ICW), almarhum Mang Ayat, Kang Syafei (Direktur Pustaka Jaya), almarhum Kang Dedi Adimihardja (Pupuhu Yayasan Rancage, nu pupus basa urang HBH di Cibatu), sareng hiji inohong nu kuring keur poho ngaranna. > > Sangkaan kuring harita, eta gempungan "para dewa" teh rek matotoskeun perkara media citak tea. Singhoreng, nyawalakeun perkara Kelas Budaya jeung Sajarah Sunda pikeun eksekutif-eksekutif (baca: nu baroga duit, da kudu mayar, keur nyuguhan jeung nyewa tempat) di Jakarta. Ditanyakeun deui ka si Hawe, waktu tepung deui sanggeus gempungan di bumina Pa Ajip, karah nyerengeh. "Teuing. Urang ge teu ngarti," ceuk manehna. Padahal, ceuk manehna keneh, matak jinisna wani ngajakan kuring sagala, wacana ngeunaan koran nu dibadamikeun di Bandung teh, nya alatan Pa Ajip nu mitembeyan. "Sigana mah duitna euweuh," ceuk si Hawe. Nya, ti harita kuring ge teu wani ngomong deui soal eta. Geus kasawang jawabannana. Oge, sieun dituduh ngasrog- ngasrogkeun maneh. > > Ari perkara Mangle, mangsa Soeharto masih jadi Presiden, kuring kungsi dipikumaha ku urang Bandung sangkan nganteur manehna nepungan Pa Ginanjar (Kartasasmita). Kaperluannana: Mikeun proposal ngeunaan program "perbaikan" Mangle, majalah Basa Sunda hiji-hijina sa alam dunya (harita). Ngan harita teu kungsi tepang sareng Pa Ginanjar-na. Proposal teh ngan dititipkeun ka Sekretarisna. Kumaha saterusna, oge kuring teu nyaho. > > Teu lila ti harita, kuring ngadenge aya hiji pasamoan nu, di antarana, diluluguan ku Pa Iwan R Prawiranata urang Ciamis nu harita jadi Dirut Bank Exim. Udaganna: Ngumpulkeun duit keur ngamekarkeun Mangle. Teuing di mana persisna eta pasamoan teh. Ongkoh, ukur ngadenge ti babaturan tadi tea jeung ti kapi emang kuring. > > Ka dieunakeun, kuring nyaho: Ti Bandung, nu boga alpukahna, paling heunteu nu nyieun dummy anyar, proposal, kaasup ngitung beaya nu diperlukeun, taya lian ti si Kang Aat (Soeratin, urut lulugu DKSB nu ka dieunakeun katingal aktif di Rumah Nusantara jeung BBB -- nu oge jadi "tim sukses"na Abah Iwan Abdulrachman dina pilihan Walikota Bandung). Di Jakarta sorangan, lian ti Pa Iwan Prawiranata, kuring teu nyaho saha-sahana. Nu pasti, harita kadenge: Duit nu "kakumpulkeun" alatan eta pasamoan teh aya kana Rp 5 miliarna. Make tanda kutip teh, bisi bae -- jeung nu asup akal -- jumlah eta teh karak komitmen. Jangji kasanggupan. Encan prak. > > Nya, dina prakna eta nu jadi masalah teh. Saur Kang Aat, basa kuring ngilu nyaksian pilihan walikota tea, para putera almarhum tos panuju Mangle "go public" siga kitu teh. Da, meureun, matak si Kang Aat Cs cakah-cikih ngangge midamel dummy sagala ge geus aya babadamian heula jeung nu kagungan Mangle. Tapi, barang rek prak, salah sawios mantu almarhum aya nu teu panuju. Atuh, sagala rarancang jeung laku nu geus diprakkeun teh bolay. Mangle, nya siga nu kiwari katingal. > > Manghanjakalkeun oge ngadenge kitu teh. Asa lebar. Mun tea mah harita Mangle jadi meunang suntikan dana, nu tangtuna bari dibeberes deui manajemenna, kaasup konsep produkna, bisa jadi Mangle teh leuwih alus deui. Leuwih loba deui nu macana. Leuwih loba iklanna, leuwih raharja deui kum nu gawe atawa sok narulis di dinya. Hartina Sunda teh -- paling heunteu basa jeung sastrana -- leuwih gampang nanjeur deui. Tapi, dikumahakeun? Da eta mah prerogatif jeung maruah nu kagunganna. > > Tina kituna mah reueus ku Mangle teh. Coba bae: Inohong-inohong Sunda kabeh tarurun. Nepi ka kakumpul (komitmen) duit miliaran. Asana, di dunya ieu euweuh hiji media oge nu siga Mangle. Dipikatineung jeung boga kakuatan "magis" siga kitu. > > Nya, nu nepi kana ceuli, ku alatan kitu, Pa Ajip saparakanca "maksakeun" nerbitkeun Cupumanik. Disebut maksakeun teh, geus kajudi, secara ekonomi moal nutup. Paling heunteu, beurat ngalakonannana. Soal pasar: Urang sok ambon sorangan, mun teu disebut "keras kepala" (ceuk Goenawan atawa si Hawe mah), yen urang Sunda boga karep kana kasundaannana -- dina hal ieu basa, nu diwadahan jeung diipuk dina majalah. Hartina, urang ngawawaas atawa miharep urang Sunda, salaku pasar, bakal mareuli atawa langganan majalah. Da ku haat jeung nyaah tea, teu boga duit ge, maksakeun. Buktina? Balik deui ngan ngandelkeun "kaceuleupeungan" (ceuk MJ mah) nu baroga alpukahna. > > Perkara eusi atawa mutu, bisa jadi ieu hiji hal. Tapi, perkara ieu teu kudu ditepikeun di dieu. Lain perkara etis teu etisna. Da ari perkara ieu mah, pangacaprukan kuring di luhur ge bisa disebut teu etis. Ngadon ngabolekerkeun kaayaan rumahtangga "batur". Tapi, soal mutu eta bisa disaliksik bari jalan, jeung ku... modal nu nyukupan. Intina mah: Profesionalisme teh lain saukur dedikasi jeung kapercakaan nu ngagarawekeunnana. Tapi, oge perkara modal. Perkara kapital. > > Matak, ari teu kapepet-pepet teuing mah, kuring sok sangeuk mun nu aya ngajakan nyieun media bari modalna nanggung. Lain perkara bayarannana leutik atawa kurang. Tapi, karunya ka nu boga modal: Geus mah dibayarna teu sabaraha, karak 5-10 nomer geus euweuh keu ongkos nyitak. Duitna leungit, usahana teu laju. > > Di mana manehna maksa, kuring sok nitah neangan deui kompanyon lain, nu sarua modalna kurang. Bae sarua kurang ge, pan mun geus digundukkeun mah nu tadina kurag teh bisa nyukupan? Hanjakalna teh, biasana, dititah merger atawa kompanyon teh sok arembungan. Da hayang sorangan. > > Tah, balik deui kana kasauran Apih Sidik, oge nu sanesna, kuring ngusulkeun: Mun tea mah aya di antara urang nu boga modal (da karep mah pasti aya) keur nyieun majalah atawa media citak Sunda, naha teu leuwih hade lamun urang kompanyon jeung Cupumanik? Ieu usul teh satemenna lain bae perkara modal. Tapi leuwih ngahijikeun "kakuatan" nu paburencay. Oge, lain kuring anti demokrasi. Manan kakuatan nu aya teh kurang efektif, sugan ku dihijikeun mah ngahijikeun bisa leuwih napak. Bari leuwih hampang ngalakonanana -- meureun. > > Ku naon Cupumanik, heunteu nu lianna? Nya, pedah urang geus wawuh bae ka nu aya di dinya. Ongkoh, Mangle mah pan geus karuhan. Diajak ku nu arageung ge alimeun. Sugan Cupumanik mah, bisa leuwih diajak ngomong. > > Mun teu kitu: Siga nu kungsi diusulkeun ka MJ, urang muka rubrik "Surat ti Internet" -- boh di Cupumanik, Mangle, Galura, atawa Koran Sunda. Eusina, nya nu nyampak dina milis bae. Pan, nu tariasa nulis teh rentul. Aya Kang Oman, MJ, Uwa Sas, Bah Willy, Kang Syam, jste. Malah, Kang Kebo Hideung ge katingal rajin. Tinggal babagi tugas bae: Saha tulisannana museur kana naon, nu lian kana naon. > > Kauntungan pola "surat" ieu, lian teu kudu make waragad, liwal ti ngacapruk dina komputer jeung modal ka warnet, urang oge bisa bari ngampanyeukeun Kusnet khususna, internet umumna. Tangtu bae kalayan teu langsung. Iwal ti Kusnet, mereun. Sabab, dina wangwangan kuring, eta rubrik teh miboga desain khusus. Misalna, di handap eta artikel aya tulisan: Rubrik ieu hasil gawe bareng Mangle-Kusnet ([EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED], jste). Hartina oge nyambungkeun media internet jeung media citak. > > Alternatif lainna, mun keukeuh-keukeuh teuing: Kerepan bae nerbitkeun bukuna. Misalna jadi tilu bulan sakali. Desainna jeung editing basana (paling heunteu) bae nu leuwih alus. Diarahkeun jadi sarupaning jurnal atawa jujurnalan. Ku cara kieu, paling heunteu, modal nu aya teh bisa leuwih manjang nafasna. > > Tapi ieu mah, saperti biasa, ukur ngacapruk. Kaangge nuhun, heunteu nya...maksa! Hehehe.... > > Luhureun Laut Jawa, 8 November 2006. > > > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > > --------------------------------- > Sponsored Link > > Rates near 39yr lows. $510,000 Loan for $1698/mo - Calculate new house payment >

