PS nu jadi garapan teh, alhamdulillah TAHAP KA 1 ampir parat, ngan encan ari parat pisan mah. hehehe. Ditilik-tilik di tukang ti hareup, ditoong oge ti kenca katuhu, geuning HASILNA masih kaneh perlu DIRAUTAN. Nya urang keureuyeuh deui wae, ngarautan, utamana mariksa kasalahan curuk mencetan keyboard. Sok ah, saha deui tah nu rek mantuan ngarautan, jadi proofreading.
salam, mh --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > eta mah arsip kang. baraya kusnet diluluguan ku mang hasan di negeri > jiran nuju digitalisasi eta PS. > > si kuring kantos kenging salinan majalahna kintunan ti juragan onta abu > dabi. ayeuna di simpen di rumah baca buku sunda ua sasmita di margawangi > margacinta bdg. > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > Punten bade ngarewong. sim kuring Isuhar seja ngiringan ngobrol dina > > ieu millis. Perkawis media cetak nu kapungkur sim kuring asa kaemutan > > yen dina file sim kuring aya media cetak kaluaran tahun 1922-1923. > > Namina eta media cetak teh "POESAKA SOENDA" nu dikaluarkeun ku Java > > Instituut. Supados jelas ku sim kuring bade di kintunkeun kana ieu > > Web ngalangkungan alamt e-mail [EMAIL PROTECTED] Mangga > > nyanggakeun manawi bahan katampi. > > > > baktos > > Isuhar > > > > --- > > ===== Lalampahan rewuan mil, cukup dimimitian ku salengkah. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

