Walaikumsalam WR WB

sanggeus di tilik tilik di asak asak.. di baca bulak balikl 
sing horeng nepi kaman wae urang maol tiasa sajalan dina nafsirkeun hiji 
pasualan... 
ari kuring teu rumasa syiah, teu rumasa suni
malihan m,ah teu rumasa NU NU acan..
ngan nu aya dina hate kuring.. teu panujuna kana Plurasime teh nyaeta
1. menang kawin beda agama, 
selain itu mungkin masih bisa asup akal
atuh nu jadi angkeuan nikah beda agama ceunah baheula jaman rosul
aya nu nikah sareng ahlil kitab..
ayeuna aya pertarosan naha bener ahlil kita nu ayeuna sami sareng ahlil kitab 
nu kapungkur... 

sakitu anu kapihatur ti siuing anu teu bodo2 acan
nu bisa ukur mempertahekuan ilmu agama turunan ti kolot lain menang nenangan 
tina buku.. da' ceuk pamadegan kuring mah buku sok sanaja buku teh gudangna 
ilmu tapi mun teu di ijajahan eta buku baris nyesatkeun.. alis salah tafsir 
tea..

sakitu cag ahh
wasalam
Al Fakir Abu Hafizh
balik deui jadi Agus Pakusarakan ahh... 

Sunda euy.. Sunda euy.... areling dulur..................

 Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Assalamu'alikum Wr Wb
 
 Sampurasun.nun kang Agus Pakusarakan.
 
 Heheheheheh, kieu panginten Kang Agus P...
 
 Simkuring nyeratkeun "Alhamdu kawit anu diserta", heheheh, hahahah, nyaan 
kuring hayang seuri, seuri kulucu.tur beuki resep ka Kang Agus P.anu 
merhatoskeun dugi kadinya.
 
 Umapi saur dina elmu bahasa mah, makna Alhamdu parantos pada ngartos sakur anu 
maca seratan, numawi simkuring nyerat "Alhamdu kawit anu diserta", estuning 
gaduh sangki kanu maca seratan parantos maphum kana makna 
Alhamdu,...Alhamdulillah geuning Kang Agus Pakusarakan eta buktos ngartos kana 
hartos kawit anu serat tulisan Alhamdu.hehehehe.nuhun ah simkuring dibantos 
diterangkeun ku Kang Agus Pakusarakan.
 
 Simkuring nyeratkeun : "Tina RASA sieun, hariwang pacampur jeung RASA miboga, 
micintana.jst ".
 
 Kang Agus Pakusarakan nyerat :
 
 ".ditilik2 tulisan kang Agus WB eta punten we iyeu ceuk sikuring.. asana 
andika rada keuheul ka jalam2 anu ngabelaan islam bari islamna teh islam 
turunan ti karuhun. pun mun lepat sangki.".
 
 Iiiiiih ampun paralun kang Agus P, samemeh nyerat simkuring nyeratkeun dina ka 
ayaan paraosan manah "ademmm, plooong, bingaaah taya kasusah, taya kabingung, 
taya kasieun, taya rasa hariwang, �stuning ca-ang padang taya hahalang".
 
 Estuning nyeratkeun kaayaan manah simkuring, dapuguh simkuring oge apal Islam 
teh kawitmah tina turunan tegesna Islam turunan, ngan geus nincak, rada 
ngalelempeng Tekad jeung Pamikiran sorangan. Upama ningal kana asal muasalna 
kajadian Manusa, geuning sadaya Manusa oge turunan Islam, BIBITna Manusa-mah 
sami tur geus nyakseni heula kabeh teu diwiji-wiji ka Pangeran Sadaya Alam 
supaya ulah aya alesan pikeun Manusa anu hirup ayeuna dimana lamun teu bisa 
Mulih ka Jati Mulang ka Asal, ulah nyalahkeun Pangeran (Rob).
 
 Jadi sadaya Manusa masing-masing dirina boga Hak jeung kaWajibannana dina 
milari jalan Mulih ka Jati Mulang ka Asal, boh ayeuna Manusa anu aya dina 
turunan boga ngaran Islam, Kristen, Budha, Hindu, Singkretis, Aliran Kebatinan 
naon wae ngara di Dunya-na mah ieu dijentrekeun dina tulisan huruf Arab tegesna 
Al-Qur'an surah Al Maidah: 48 :"..Untuk tiap-tiap umat di antara kamu, Kami 
berikan aturan dan jalan yang terang. Sekiranya Allah menghendaki, niscaya kamu 
dijadikan-Nya satu umat (saja), tetapi Allah hendak menguji kamu terhadap 
pemberian-Nya kepadamu, maka berlomba-lombalah berbuat kebajikan. Hanya kepada 
Allah-lah kembali kamu semuanya (kum teu diwiji-wiji boh didunyana ngagem 
ngaran Islam, Kristen, Yahudi, Aliran-Aliran, Agama Singkretis naon wae 
ngaranamah), lalu diberitahukan-Nya kepadamu apa yang telah kamu perselisihkan 
itu".
 
 Tipayun dina ngawitan ngabahas conto Jalmi samodel "cep Wirabuana"-> 
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15942
 
 Diterangkeun yen urang kedah ngabenten keun CANGKANNA sareng EUSINA, supados 
teu pabeulit nerapkeun pituduh Ayat-ayat tulisan Al-Qur'an anu nggo bahasa 
Arab. Tah kumaha ayeuna dina nerapkeun Al-Qur'an sareng Hadistna?
 
 Kang Agus Pakusarakan nyerat :
 
 "Cindekna,, ulah aneh jeng ulah sieun. nya urang sok sanajan mazdhab mana wae 
urang mah urang cekel teh sanes mazdhabna tapi urang cekel warisan rosul nyaeta 
al-qur'an , qur'an kudu jadi popoko tetenger hirup urang.. engke lamun geus teu 
aya hokum jeng tuntunan dinana al-qur'an atawa perlu katerangan langkung rinci 
nya karek urang ngaguar hadist, ulah wakta ijma, ijtihad jeng sajabatan salami 
ncan nengan dina al-qur'an jeng al hadist..".
 
 Dina hadis anu nuduhkeun kedah nyekel pageun Kitabulloh+Sunnah sane urang 
berarti Nafsirkeun Al-Qur'an tuluy dipake, Hadist di tunda da ayakeneh dina 
Al-Qur'an cenah, punten...
 
 hehehehehe, hehehemmmm, Kang Agus Pakusarakan, Cobi emut SAHA JALMI anu 
ngawitan terang kana maksud tujuan  eusi Al-Qur'an, cicik..cingan SAHA? 
 
 Simkuring bisa nghalalkeun sagala cara pikeun maksud jeung tujuan kahayang 
simkuring tuluy kalakuan kuring teh make dalil Al-Qur'an pan ceuk Al-Qur'annana 
oge kitu-kitu saayana. Sadaya jalmi bisa ngajieun dalil pikeun nguatkeun 
Maksud, Kahayang jeung Pamikirannana masing-masing tuluy ngadoktrinan batur 
kucara ngabibita ku DALIL tur nyingsieunan ku DALIL, tah kieu kalakuan teh, 
kalakuan kuring baretooooooo. Tutunjuk nyalahkeun batur, Bid'ah, Musyrik ceuk 
kuring teh, antukna Hak batur kaaniyaya ku si Kuring, Hehehehe, hihihih, laku 
lampah simkuring euweuh ajen tinajen kabatur teh.
 
 Paingan atuh ummat Islam teh teu daek ngahiji, teu daek ngajalankeun 
"Wa'tashimu bihablillah jst". Kulantaran masing-masing JALMA bisa nafsirkeun 
tulisan huruf Al-Qur'an kalawan carana masing-masing. Tuluy paloba-loba 
kelompokna, saha anu KUAT eta anu bakal nerapkeun Visi jeng Misina dina 
nerapkeun SYARI'AT ISLAMna.
 
 JADI upama kitu kajadiannana berarti "KEBENARAN" ditempo tina 
Kakawasaan+Kakuatan Fisik di Dunya, ieu samodel kajadian jaman Muawiyah+Putrana 
anu Merangan ka Ahlul Baet.
 
 Di simkuring aya seratan hasil penelitian kang *Muchtar Luthfi, Ketua 
Departemen Hubungan Luar, Badan Kerjasama PPI Se-Timur Tengah dan Sekitarnya, 
saat ini sedang menyelesaikan Program Pascasarjana Perbandingan Agama dan 
Mazhab, Universitas Imam Khomaini Qom, Iran. (ayeuna parantos beres 
panginten...).
 
 Fatwa-fatwa Ibnu Taimiyah anu ngabela kana kasucian Muawiyah+putrana Yazid bin 
Muawiyah, padahal Ulama-ulama Madzhab Ahlussunnah seueur anu "mencela" kalakuan 
Muawiyah+Yazid, bilih peryogi naha dipostingkeun ka ieu milist atanapi kana 
e-mail kang Agus Pakusarakan wae?.
 
 Kitab2 Ibnu Taimiyah oge anu dianggo rujukan ku Kerajaan Arab Saudi, Nagara 
anu dumasar kana Karajaan sanes Imamah samodel anu diangge di Iran ayeuna.
 
 Kang Agus Pakusarakan nyerat :
 
 "Kelanan naha iyeu tina Islma jeung Pluralisme bet jadi kana mazdhab2 nya".
 
 Hehehehehm, kumargi aya Fatwa ti Kerajaan Arab Saudi perkawis ngaHaramkeun tur 
ngafirkeun kana anu ngadukung Paham Pamikiran Pluralisme. Bejana Fatwa ti Arab 
teh dipake saalam dunya.. kusimkuring parantos di bantah di 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108050
 
 Mangga lenyepan dina Sajarah "KEMELUT KEPIMPINAN SELEPAS RASUL" 
http://www.al-shia.com/html/id/books/Kemelut%20Kepemimpinan/index.htm
 
 Perkawis kedah Nyekel Pageuh Kitabulloh+Sunnah VS Nyekel Pageuh 
Kitabulloh+'Itroh Ahlul Bait, aya bacaan kanggo nambah wawasan situsna di 
http://www.al-shia.com/html/id/books/Kebenaran-Hilang/index.htm
 
 Atuh perkawis mimiti ngalakon Agama teh kedah Ma'rifat ieu kasauran pidato 
Imam Ali anu di ajar ti kangjeng Nabi saw ti yuswa 10 tahun dina kitabna Najhul 
Balaghoh.
 
 Atuh saterasna, Imam Ja'far As-Siddiq oge kitu teu benten, yen ngalakon Din 
teh kedah Ma'rifat heula. , Jangawarengna Imam Ja'far As-Siddiq teh nya Kanjeng 
Nabi Muhammad saw.
 
 Dina Fatwa/Kitab2na boh Fiqihna, Aqidahna, Siasahna Imam Ja'far As-Shiddiq sok 
nerangkeun kieu:  "Katerangan Kuring nampa ti bapak, bapak kuring ti Aki, Aki 
Kuring ti Uyut, Uyut kuring ti Jangawareng, kitu lamun disundakeunnanamah".
 
 cobi Taliti sing lantip, teukengin rusuh maosna di 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108341
 
 Punten kang Agus P, simkuring dina nafsirkeun Al-Qur'an teh ngangge Dzohir 
sareng Batin, teu cekap nerapkeun Al-Qur'an teh ditingal Tafsirna Wungkul, 
margi Kangjeng Nabi saw parantos maparin cara kanggo nafsirkeunnana 
"Lill-qur'ani Dzohirun Wabatinun", ieu hadis dinukil ti Imam Ali salaku Ahlul 
Baet anu parantos disucikeun kalawan sasuci-sucina ku Alloh, tingal dina surah 
Al-Ahzab ayat 33.
 
 Simkuring-mah sanes lulusan Gontor, namung Pun Lancek+Pun Adi Awee+Salakina, 
ayeuna Adi Ipar simkuring jadi sekretaris kang Jalaludin Rahmat, tukang 
nerjemahkeun Kitab jeung nu lainna.
 
 Ari simkuringmah mondok dipasantrennana oge kuti waeeee, ngadon di ajar 
ngaliwet, heheheheh.
 
 Jadi simkuringmah teu aya tempoennana kang Agus Pakusarakan, heheheheh
 
 Mangga ah aos heula kang Agus Pakusarakan alamat-alamat web site anu parantos 
kusimkuring di seratkeun di luhur.
 
 Ke disambung deui,.Insyaalloh.
 
 Wassalamu'alaikum wr wb
 
 Rampes.
 
 Baktos
 
 Agus Wirabudiman
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
 
     
                       


---------------------------------------------------------------------- 
AGUS PAKUSARAKAN 
02193264068, 08128377662 
http://www.hr-uwj.com  
---------------------------------------------------------------------- 
http://aguspakusarakan.blogspot.com/ 
http://geocities.com/prabu_siliwangi 
http://geocities.com/lodaya_9 
http://azzoman.indonetwork.co.id/  
http://siliwangi.blogs.friendster.com 
http://inkas.wordpress.com
 
---------------------------------
Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful email and get 
things done faster.

Kirim email ke