Nembe teh kenging dongeng ti milis sapalih, perkawis kondom, ieu teh kajantenan anu leres.
Hiji mangsa, hiji istri padamel hotel anu biasana uih dines ti kantor jam sawelas, tapi harita mah, uihna teh jam 3 enjing. Naha aya naon? Aya tamu hotel, aki-aki anu lapor ka petugas hotel hoyong diparios ku dokter, padahal harita teh tos jam 11 wengi. Kumargi bisi kumaonam, nya ditelepon hiji doter ti hiji rumah sakit. Dokter dongkap sareng timna, nyandak oksigen sagala, bilih si aki-aki kenging struk. Ari kitu teh, si aki mah jagjag waringkas teu nananon, tapi anu gaduh kasakit mah, hiji istri anu aya di kamar si aki-aki tea. Tetela, geuning peralatan anu dicandak teh teu tiasa ngubaran istri eta. Ahirna ngangge ambulan, istri eta dicandak ka rumah sakit MMC. Harita teh tos tabuh 1 enjing. Lumayan rada lami oge, pondok carita, eta istri teh tos beres di "operasi" di rumah sakit MMC. Dugi ka hotel, si aki-aki sareng istri eta rame "hog hag" parasea, soal beaya operasi anu dugi ka Rp 400 rebu. Si aki-aki alim nanggung bayar beaya eta. Ari si istri oge keukeuh alimeun bayar. Alesan si Aki, beaya mamawa istri ka hotel teh tos bersih, teu aya perjanjian nanggung "hal-hal yang tidak diduga". Ari alesan si istri cenah, si aki teh ngan mayar Rp 200 rebu, ari kudu mayar beaya rumah sakit mah, nombok atuh. Tah anu jadi patarosan teh, kunaon atuh make kedah ka rumah sakit sagala? Nyaeta atuh, kondom anu diangge si aki kakantun di "lebet'na si istri tea. baktos, mrachmatrawyani --- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sanes..sinyai teh teu disarungan..ngan eta jalan > kana > lebet rahim..dipasang "cap". Tah eta teh anu hese > masangna kedah dikodok..atanpi dipasang ngango > applicator...Eleh...mani sieun pisan kanu diharudum > teh............. > ____________________________________________________________________________________ Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. http://smallbusiness.yahoo.com/r-index

