Tapi di lain pihak urang sunda teh loba nu gampil kasigeung, lamun aya nu
nyarita teu hade (bener) ngalarapkeun basana sok ngambek ... bener ieu mah
loba kuring nimu nu kieu ...

On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   ah der2 we rek nyarita ku basa sunda mah... biasana mah sieun ku nu teu
jelas pikasieuneun na, upamana soal undak usuk basa cenah bisi salah
ngalarapkeunana padahal teu kitu nya der2 we bet jiga urang jawa ge geuning
ari panggih jeung bangsana mah der we ngomong jawa paduli teuing nu lain
sabudeureunana teu ngarti ge.... tah biasana mah ari US mah sok loba kasieun
tea sieun teu ka aku atawa teu ngaragep angen batur alias toleran tidituna
mah ngan jadina teu 'pede' tea ceuk budak ayeuna tea mah

dmar

*kumincir <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 Hahahah... Enya, ceuk cohagna mah urang Sunda teh euweuh kawani
(sawareh). Bakat ku borangan, nyarita make basa Sunda di Tatar Sunda ge tara
ludeung. Mangga bae ilikan di mol-mol, atawa di tempat2 karamean anu rada
'undak', urang bakal jarang manggih basa Sunda. Padahal, mun urang daek, nu
di mol2 teh da loba urang Sunda keneh, sarta barisaeun basa Sunda. Kari
urangna sabenerna mah, naha rek dipake atawa moal eta basa Sunda teh? Mun
erek, sok geura jangji dina jero hate, yen ti semet ayeuna, sabisa-bisa,
salila di Tatar Sunda mah aing rek nyarita ku basa Sunda ka saha bae. Erek
make basa Inggris atawa basa Mandarin atawa basa Indonesia, mun memang
meleg2 nu diajak nyarita ku urang teu bisa basa Sunda (komo mun keur jadi
guide turis asing mah, hehe..). Sanggup? Henteuuuuuuuu.............
Heuheu...

Sigana, basa2 di Indonesia teh memang geus bener2 kari sahoseun. Daek teu
daek, kusabab kaayaan bangsa anu ngahiji tea, anu teu bener2 ngarojong kana
dipiarana basa2 indung, basa urang bakal kagusur ku basa nasional. Atuh da
naon coba ajenna basa2 urang? Aya soteh ajenna, ukur pikeun para panalungtik
basa...

Tapi, pesimis teuing sigana mah nya? Heheh... Sok atuh, saha nu boga
pamanggih?

On 11/29/06, Budyana Yogaswara < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Enya nya ... asana mah bener pisan tah, da kuring ge rumasa sok sieun
> make basa sunda teh, tapi ieu teh lain euweuh alesanana, aya, malah rada
> panjang alesan teh, bakat ku panjang jadi we sieun nuliskeun make basa sunda
> na ge ... hehehehe
>


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com




Kirim email ke