ngeunaan ngalamar mah teu nyaho... ngan bieu basa nyobaan nyusud di mg (mang
gugel) manggih conto naskah biantara keur lamaran...

------------------------------------
Naskah Biantara

Anu Ngarengga:
Ganjar Kurnia


NGALAMAR
Wawakil ti pihak pameget :

Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Langkung ti payun puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt.;
kalawan karidoanaNa urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok.
Shalawat sinareng salam, mugia katampi ku Rasulullah Muhammad
SAW.anuparantos ngaping ngajaring ka urang sadaya ku ajaran Islam.
Salajengna pribados kalawan asmana Bapa ........... seja ngahaturkeun rewu
nuhun laksa keti kabingahan ku panampian ti keluarga Bapa ............
Dipapag raray marahmay, dongkap langsung dilinggihkeun, tos kitu teras
ditakon.
Ari anu janten pamaksadan teh, kahiji hoyong nyanggakeun tatali silaturahmi
ti kulawarga bapa ...... ka kulawarga bapa ..............................
Mugia ku silaturahmi ieu, tiasa manjangkeun duduluran, manjangkeun umur oge
manjangkeun kasinugrahan.
Anu kadua, sok sanaos dibuni-buni da ebreh, teu benten ti meungpeukan
beungeut ku saweuy, meungpeun carang ku ayakan -- ku kituna seja dikembang
boledkeun -- dibejer beaskeun.
Pangna jauh dijugjug anggang diteang, hujan gede papayungan, leueur-leueur
kundang iteuk, gorek-gorek tuweuw ge ludeung; teu aya sanes : seja jajap pun
............ putrana Bapa/Ibu ......................, anu saur ki dalang mah
keur sedih kingkin. Mun peuting teu weleh nyaring; ti beurang ngan
sumoreang. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo. Ari anu diimpleng iwal
ti malati asri nu ligar di pakarangan Bapak/Ibu ............................
Ku kituna manawa sugan manawi, seja kumawantun bade tumaros :"naha eta
kembang malati teh masih keneh lening di gigirna? Teu acan aya anu iuh-iuh
mayungan? Hartosna naha atos aya anu nyirian atanapi teu acan? atos aya anu
kagungan, atanapi teu acan? Saupami teu acan aya anu mundut tipayun, atanapi
malang mulintang keneh; manawi kersa jisim jinisna; satuju ibu ramana; seja
disuhunkeun widina kanggo dicirian ku pun .................... anu Insya
Allah mun dugi kana waktosna seja dijadikeun prameswari batur hirupna.
Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek
neda agung cukup lumur neda jembar singhaksami.

Waleran ti pihak Isteri :

Saba'da ngadangu waleran ti pihak isteri,pihak pameget ngadugikeun :
Gunung galunggung teh ageung, nanging ageung keneh kabingah ti kulawarga
.......... (pameget) saba'da ngadangu karidoan galih ti kulawarga
.........................(pihak isteri), ngawidian ingkang putra nu dicirian
ku pun .............. (nami budak pameget) kangge diajak ngahiji tali
rarabi. Atuh jisim – jinisna, manahoreng "batu turun keusik naek". Sakali
deui nyanggakeun sewu nuhun laksa keti kabingahan. Kantun ayeuna mah neda
sarantos, kangge riungan, badanten nangtoskeun mangsana ka bale nyungcung.
Salajengna tawis nyaah ka ingkang putra ti kualawarga .......... (pihak
pameget); aya cacandakan sakedik, ukur sabrang salayang – dongkap kacabe mah
henteu, nyanggakeun hatur lumayan – da ari sae mah henteu.
Atuh tandaning tatali asih, mugia katampi lelepen – maksadna hoyong silih
alian – tawis pasti bakal ngahiji.

Sakitu nu kapihatur.
Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

Ganjar Kurnia
----------------------------
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke