mang sae lah... pang saena mah eta tah nu panghandapna.. ,,Ngan poma ulah nyoba-nyoba salah sahiji paripolah sasatoan anu ieu: poligami, hehehe. Sabab? sederhana wae: apan urang lain sato..." dasar sikuring mah budak boloho meureun nya nu katangkep teh poligami mah ukur pagawean sato nu teu payus lamun dipigawe ku manusa! naha enya kitu? tapi ketah poligami mah memang lain keur coba-coba! kudu dibarengan kayakinan kateguhan hate kateguhan harta kateguhan- lianna...nya? jadi memang seratan emang leres pisan!
dh heuheu bulakbalik dekok euy kanu nyandung deui nyandung deui On 12/6/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Di daur ulang tina postingan ti heula, ti Kang Ganjar. Ieu jejer nyaritakeun kumaha Urang Sunda baheula (sigana nepi ka ayeuna masih keneh) ngalap elmu tina laku lampah sasatoan. Hal ieu munasabah wae, sakumaha dina naskah kuno "Sanghiyang Siksa Kandang Karesian" oge geus aya contona: "tadaga carita hangsa gajendra carita baném matsyaném carita sagarém puspaném carita bangbarém" hartina, kl: "talaga dicaritakeun ku soang (bisa oge dibaca: lamu hayang nyaho talaga, tanya soang) gajah nyaritakeun leuweung lauk ngadongengkeun laut kembang dicaritakeun ku bangbara" Disawang tina kaayeunaan? Ceuk cenah. loba pakakas (teknologi) anu ideu nyiptakeunana diilhaman ku paripolah/kaayaan sasatoan. Ngan poma ulah nyoba-nyoba salah sahiji paripolah sasatoan anu ieu: poligami, hehehe. Sabab? sederhana wae: apan urang lain sato (minimal henteu sagemblengna sato upama aya hiji-dua hal anu nyaruaan sato). baktos, manAR ---------- Forwarded message ---------- From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED] <ganjark%40yahoo.fr>> Date: Mar 7, 2006 7:15 PM Subject: [Urang Sunda] Titinggi ceuk palasipah (pilisofi) sunda To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, kisunda < [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>> Dina basa Sunda urang ununga aya kecap atanapi istilah "Tata Titi Duduga Peryoga". Para sepuh sok nyebatkeun yen urang teh kedah terang di "Tata Titi ......... ". Cenah ceuk cenah, eta kecap mibandi ajen palasipah anu luhur. "Tata" asal kecap tina "tataman" anu hartosna teh sireum. Sapertos anu kauninga, ari salah sawios kabiasaan sireum anu sae teh nyaeta manjangkeun silaturahmi. Unggal sireum patepang jeung sireum deui, sok teu weleh sasalaman (naon anu diucapkeunana dina eta sasalaman, pribados gaduh versi heureuyna ........). Tah manusa oge diantawisna kedah mibanda sikep siga sireum (langkung sae deui upami ngaos karya Harun Yahya). Ari, Titi dongkapna tina kecap titinggi. Cirina titinggi, sok sanaos sukuna aralit tapi kumargi kompkak, awak anu badag teh tiasa kaanggkat. Palebah dieu, titinggi teh mere conto kana sikep kagotong royongan. Duduga sareng peryoga urang bahas dina kasempetan sanes. --------------------------------- Nouveau : téléphonez moins cher avec Yahoo! Messenger ! Découvez les tarifs exceptionnels pour appeler la France et l'international.Téléchargez la version beta. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
-- ::daluanggebisatinabincurang::

