Kamari teh kuring di sebut "kasep" ku Teh Ely ...heuheuheu, terus kang Ndull ngomentaran cenah Bah Willy ulah disebut kasep da geus sepuh. Sepuh? ....ah teu rumasa kolot kuring mah da rarasaan teh umur teh kakara 20 taunan, pokokna masih sagala beuki, beuki ieu jeung beuki itu. Dasar kang Ndull we eta mah, "budak ngora" disebut sepuh ...
Sabenerna nu umurna geus satengah abad atawa leuwih aya sababraha urang didieu teh, Ua Sas, malah parantos MPP ti Telkomna. Teras deui saha? Bah Surtiwa!. Ieu langkung sepuh ti kuring,kungsi dina postingna nyebat anjeunna sakola di SMA 3 Bandung di taun 1963!, padahal kuring kakara kelas 2 SD. Nu karolot di ieu millis, sabenerna teu nyoalkeun soal umur, teu hayang disebut Abah atawa bapak. Kuring sorangan sok disarebut Abah, lain pamenta kuring, tapi ku warga Kusnet nu kungsi papanggih jeung kuring, ningali jungkiringna kuring ........gembru!. Atuh "Willy" oge lain pamenta kuring tapi ku warga kusnet, pedah baheula ari posting sok disengket WLY (tina WALUYA). Eh ....teuing kumaha mimitina jadi "Willy", cenah mah ngarah keren (Ceuk Kang Dedeng Sutisna, urang Karawang, ayeuna mah teu aktif deui). Di dunya maya, umur sabenerna mah teu kanyahoan jeung teu kudu dipersoalkeun. Nu perlu teh eusina. Naha pamikiranana "sepuh" atawa "boloho", siga kuring. Pan Ceuk kang Dudi Mulyadi oge teh Ely langkung "sepuh" dina pamikiran tinimbang kuring nu masih budak jaringao. Tah kitu baraya. Sok lah ... tong dianggap umur mah, nu penting eusi padungdengan aya eusian! Baktos, WALUYA

