Haturan ayi Iwan, nuhun dibongbolongan, saleresna aki mah mung tuturut munding 
wae, batur e-mel e-melan ngiring bae bari teu terang, tah ayeuna mah nambihan 
yeuh, cing engke bade dipilari. Aki teh deuih gaduh ID di YM, tah didinya 
rongkah pisan eta virus nyangsarakeun batur anu sok online sareng aki, 
majarkeun teh aki ngintun anu teu pararuguh. Padahal aki mah bujeng-bujeng 
teuing nyerat bahasa Inggris, da geuning bahasana eta virus teh aya bhs 
Inggrisan???? Tah ieu kumaha ayi??
  Hatur nuhun. 

Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Punten Ki,
  eta geuning Ki Tatang teh ngangge webmail Yahoo, asa piraku emailna tiasa 
keuna ku pirus eh virus..
  panginten eta teh nu disebat spyware tea, nanging ari namina Spyware mah teu 
kedah ti komputer ki Tatang ge tiasa.
  Asal di address-book komputer eta aya alamat ki Tatang, tiasa wae ngintun 
email ka batur atas nami ki Tatang, oge tiasa atas nami nu sanes nu aya di 
address book, dikintun ka saha wae nu aya di address book (ari biasana mah 
nyandak domainna wungkul, ari namina sok asal wae).
  Janten eta virus teh teu acan tangtos aya di komputer Ki Tatang.  Nanging 
kangge jagi-jagi, tiasa di-scan keseluruhan ku antivirus naon wae tiasa, asal 
up-to-date virus databasena.
  Atanapi, cobian nganggo online scanner, diantawisna ti Trendmicro.com di 
http://housecall65.trendmicro.com/ sareng 
http://www.trendmicro.com/spyware-scan/
   
  Mangga ah, mugia mangpaat.
   
  Hatur nuhun,
  Iwan
    ----- Original Message ----- 
  From: Tatang Sariman 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, December 11, 2006 7:56 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] assalamualaikum
  

  Alaikumsalam, har ari ayi/eneng/euceu/ eh naon atuh nya? kirang kumplit atuh 
nepangkeun teh? sok teraskeun, da moal dipelet heueheue....., wilujeng tepang 
oge ketang ieu aki 50 mulud? urang Bdg nuju ngalalana sigah nu heueuh, padahal 
ngan jadi buruh bari diajar di Msia. Punten anu dipiharep ka sadaya urang sunda 
bilih aya anu nampi surelek ti aki, saleresna sanes ti aki, eta teh virus atah 
adol, teu diulem, joldeui jol deui. Manawai aya pangalaman sanasib jigah aki, 
cing baledogkeun kumaha carana supados teu diserang virus????hatur nuhun 
sateuacana.
   salam hormat. 
  

fauziah_geo01 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      wilujeung tepang..simkuring wargi anyar ti sunda

wassalam




    
---------------------------------
  Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.   

         

 
---------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question 
on Yahoo! Answers.

Kirim email ke