Wa'alaikumsalam wr, wb. Alhamdulillah....... Haturan kang Akos..., sim abdi sakulawargi ngaturkeun wilujeng angkat mugia dipaparin kakiatan, kasehatan, kagampangan sareng kalancaran salami ngajalankeun ibadah haji, anu utami mugia janten haji nu mabrur mungguh Allah Swt....amin. sim abdi oge sami-sami neda sihapunten tina sagala kalepatan sareng kakhilafan salami ieu, insya Allah sim abdi ngahapunten kana sagala kalepatan sareng kakhilafan kang Akos miwah tuang rai (bojo). bral....geura miang do'a baraya sadaya salawasna marengan kang Akos sakulawargi, teu hilap do'akeun abdi sadaya mugia tiasa nyusul kanggo ngalakonan ibadah haji di taun nu bade dongkap....amin.
wassalam, "kkbm'69" -pami teu lepat teh Netty oge angkat ngalaksanakeun ibadah haji taun ieu, mudah-mudahan tiasa tepang. On 12/13/06, Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb. Para wargi milis Kusnet sadayana, dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah haji. Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge pun bojo dipaparinan haji anu mabrur. Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim kuring nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi laku anu teu ukur. Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang sadaya. Sakitu heula anu tiasa kapihatur, Wassalam, baktosna akos

