Wa'alaikum salam. Sami2 kang nyuhunkeun di hapunten tina sadaya kalepatan lahir sinareng bathin. Mugia ibadahna sing lancar, janten haji mabrur, sareng salamet dugi ka bumi deui, oge mugi2 urang nu teu acan ka mekah sing tiasa enggal nyusul, amin yaa robbal alamin.
Mia On 12/13/06, Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb. Para wargi milis Kusnet sadayana, dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah haji. Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge pun bojo dipaparinan haji anu mabrur. Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim kuring nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi laku anu teu ukur. Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang sadaya. Sakitu heula anu tiasa kapihatur, Wassalam, baktosna akos

