1. Ieu Pangalaman pribados sareng pun lanceuk, nu kaleresan 
sami "nganjuk" bumi di komplek Bumi Panyileukan.
Waktos dilunasan langsung tiasa nyandak sertipikatna dinten harita 
keneh, jalaran sertipikat didamel waktos  "perumahan" di kavling 
kavling, mung sertipikatna HBG "HAK GUNA BANGUN", ku urang kedah 
digentos janten SHM "SERTIPIKAT HAK MILIK", atanapi istilahna "balik 
nama", lamina mung sadinten.
Cobi ditaroskeun ka "Developer".

2. Sertipikat jongko lami biasana moal pajeng diical, janten paling 
oge di "DP" an heula teras "over kredit"


--- In [email protected], "Ahmad Toha" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ka para wargi sadaya, sim kuring bade nyhunkeun tulung
> 
> 1. Dupi ngadamel sertipikat rorompok, lamina 10 tahun cekap teu ? 
Rorompok
> sim kuring anu nganjukna ka BTN jalan Jawa Bandung, parantos sataun
> dilunasan, tapi sertipikatna teu acan rengse ( mun ti ngawitan 
akad nganjuk
> tos 10 taun langkung ). Ditaroskeun ka bagean sertipikat teu acan 
keneh wae,
> dikintunan suralek ka web master btn.co.id teu di palire. Kedah 
kamana nya ?
> 
> 2. Sateuacan di renopasi sim kuring gaduh jongko di Pasar Andir, 
saparantos
> direnopasi gaduh jatah kapling jongko deui, ngan yaeta kedah 
dicicil deui.
> Kanggo DP ( Duit Panjer ) aya, tapi kanggo nyicil renghap ranjug. 
Dupi
> sertipikat jongko sateuacana tiasa di ical ? Atanapi saena di DP 
an heula
> teras diical ? Punten nyuhunkeun bongbolongan !
> 
> Hatur nuhun
> 
> Emod
>


Kirim email ke