sasakala PNS di urang mah, beda jeung dibatur.
dongengna mimiti ti jaman normal alias jaman walanda. basa hindia walanda
geus dibikeun ku VOC ka karajaan walanda. cenah mah di negerina,
pamarentah dikritik ku oposisi, yen geus ngarampok kakayaan alam indonesia
tea. sangkan repeh eta oposisi, oge aya tujuan sejen-butuh pagawe lokal
pikeun pagawean administrasi, nya nyieun sakola ku jurus pulitik balas
budi tea.

terus we pamarentah kolonial walanda nyieun sakola. teu di unggal lembur.
oge teu pikeun kum rahayat. masih khusus pikeun turunan atawa kulawarga
menak. dalah THS harita atawa STOVIA, sakola kadokteran-nu ayeuna
kadoketeran UI, menak wungkul nu bisa asup, ongkoh make basa panganteur
basa walanda. tujuanana lokalna, nya ngadidik pribumi sangkan bisa ngeusi
pagawean handap di kantor pamarentah kolonial walanda.

ari SD, SMP mah basa panganteurna basa lokal/daerah. malah ku ayana
pulitik balas budi ieu nu ngayakeun sakola, basa Sunda bisa kajait, ku
walanda diresmikeun jadi basa panganteur di sakola SD (HIS tea meureun
jaman walanda mah).

cek implengan, ti harita sigana nu sakola jadi PNS teh dimimitian. kabeh
nu lulus sakola harita, diangkat atawa jaradi pagawe negeri (pemerintah
kolonial walanda). gajihna meureun pantes keneh jaman harita mah. nepi ka
kiwari, mental kolot masih nganteng ka eta mental warisan kolonial. masih
loba keneh kolot nu hayang anakna (atawa manehna sorangan), jaradi pagawe
negeri.

padahal gajih PNS teh cenah, teu gede siga bumn atawa suwasta. tapi
keukeuh harayang. sok aya beja kudu setor sakitu juta, pikeun nyogok nu
ngurus di luar di jero. meureun geus katarima teh, kudu mikiran balik
modal, break event point tea. heuheu.

jaman Orde Baru, PNS dilobaan, cek cenah, ieu pulitik orde baru pikeun
ngawetkeun golkar di kakuasaan. ari gajihna mah dileutikan we da enya, teu
kabeh pakepuks.

basa kerek lulus sakola di cap gadjah cindeten, aya nu nanya, teu ngalamar
jadi pns? dijawab bari nyakakak, na siga jaman walanda bae? lulus sakola 
jadi pns.

hehe


mj

http://geocities.com/mangjamal




Kirim email ke