dina antv kitu, sok aya film dinosaurus baheula. asa aya nu rada teu luyu.
asana, meureun ketang, jaman dino ngulampreng keneh mah, tatangkalan oge
sigana teu pendek jeung leutik siga ayeuna.
pastina ngalaman evolusi oge.

cek beja, yuswa nabi Adam, Nuh, sarebu tahun. kuring mah ngabayangkeun teh
kaayaan alamna. pastina sagalana leuwih badag ti batan lingkungan hirup
jelema nu umurna saratus taun. malah bisa jadi jaman nabi adam mah, balita
teh, bawah lima puluh taun. hehe.

maksud ngacapruk nu ieu, eta soal Darwinian. evolusi-atawa upaya
mahluk nyaluyukeun diri jeung alamna- memang geus ciri makluk pikeun
terus hirup numutkeun kaayaan alam. contona mah, urang gunung mah
nyaritana laon, teu tararik siga urang basisir. sabab cenah, urang
basisir mah apan kagandengan ku sora ombak. kaharti kitu mah.

urang nu hirup di negeri tropis mah irungna sacukupna. sabab hawana
panas jeung lembab, beda di lembur bule nu tiis tapi garing
(kalembabanana saeutik), irung urang dinya mah marancung. cenah patali
jeung hawa sabudeureunana.

kitu deui, di negeri/tempatnu loba debu -keur poho basa sundana,
kekebul kitu- bulu irung urang dinya mah gondrong.



-- 
geocities.com/mangjamal

Kirim email ke