Teuing iraha pilihan Gunerbur Jakarta teh. Tapi, sawatara urang geus disebut-sebut bakal nyalonkeun diri dina eta "pesta". (Teuing pesta saha). Nu matak reueus -- oge matak paur, sieun kababuk wabah korupsi - - sawatara di antarana urang Sunda. Mun teu salah, urang Sunda nu disebut-sebut bakal nyalonkeun diri teh aya kana 6-na. Saha bae jeung kumaha ka-Sunda-annana, jeung lolongkrangna?
Calon ka hiji nu kungsi disebut-sebut: Agum Gumelar. Ketua KONI, mantan Calon Wapres (pasangan Hamzah Haz), mantan Menhub, mantan Pangdam Hasanudin, mantan Danjen Kopassus, jste. Katineungna kana Sunda? Walohu alam. Ngan, Agum kungsi nyieun Sawengi di Tatar Sunda. Oge, mun teu salah, jadi anggota Dewan Penyantun ASTI-Bandung. (Bari "salah informasi": Sabenerna nu menta disantuni teh SMKI. Ngan, cenah, anak buahna teu nyaho di mana SMKI Bandung teh. Nyahona ASTI, atuh ASTI nu kabagean rezeki ti Agum teh). Di kalangan tentara, Agum boga pangaruh. Paling heunteu, Endriyartono ngaku manehna salaku "Kepala Suku". Ongkoh papada urang Bandung -- malah sasakola pisan jeung anjeunna, SMA 2. Sanajan kungsi "ngeprak" PASI (Pasundan Isteri) Jakarta, beda jeung picaloneun lianna, Agum teu kadenge "kampanye". Calon ka dua: Sarwono Kusumaatmadja. Urut Sekjen Golkar, urut Menteri Lingkungan, jeung aktivis. Beresih tina korupsi. Pendukungna, umumna, mun ningali basa pilihan DPD kamari, barudak aktivis. Bubuhan tadi tea: Anjeunna oge aktivis. Boh di lingkungan, boh dina perkara lianna. Sanajan pilkada can dimimitian, Sarwono geus mimiti "kampanye". Sawatara waktu ka tukang, tim suksesna geus ngayakeun Turnamen Catur sa DKI Jaya. Tayohna, Sarwono Cs rek nguatkeun citra dirina salaku jalma pinter ku ngayakeun eta turnamen. (Padahal, ku jadi urang Sunda ge, citra diri nu eta mah teu kudu diuma-ome deui. Urang Sunda mah, ti loh mahpudna ge geus pinter). Atawa rek ngarawu urang Batak, nu kawentar raresep maen catur? Walohu alam. Calon ka tilu, Adang Daradjatun. Wakapolri, putra jaksa, beunghar ti -- cenah -- ditu ti dieu. Isterina, Nunun Daradjatun, kaitung sukses dina usaha. Lian ti sawatara pausahaan, anjeunna oge kagungan sabaraha majalah. Mun teu salah mah dua. Duanana dikokolakeun ku putrana nu isteri. Teuing nu ka sabaraha. Lian ti alatan kalunguhannana, Adang oge jalma nu pinter gaul. Ku kabeneran, batur-batur sakolana (SMA I Boedoet, Jakarta) oge kaitung jaradi jelema. Dina reuni SMA Boedoet kamari, kadengena Adang jadi bintang. Lian ti Tanjung nu boga Trans TV jeung Bank Mega, alumni eta sakola di antarana urut Dirjen Dikdasmen nu oge atlet, keur poho ngaranna -- mahasiswa kameumeut Pa Wiranto (urut rektor ITB). Oge Cici Tegal jeung urut pamaen PSP (Orkes Sinar Petromak UI). Bareng jeung isterina, Nunun, gambar Adang remen mucunghul dina majalah-majalah gaul kaum "socialite" jakarta. Lain bae dina majalah boga aranjeunna, tapi oge majalah lianna. Nu leuwih independen. (Nepi ka batur kuring mah "ngarasa kurang" mun majalah nu dibacana euweuh gambar eta inohong). Adang oge geus mimiti "kampanye". Teuing ti bulan iraha, posterna nyolokan panon urang Jakarta: Nyieun turnamen sepakbola -- olahraga nu meh jadi "agama" jalma loba. Malah, lian ti nyieun turnamen mengbal, Adang oge rajin ngalongokan kampung-kampung nu aya di Jakarta. Kaasup padumukan kuring ayeuna. Sanajan, tangtu bae, kuring mah teu ngilu lalajo. (Bisi Adangna kaelehkeun pamor ku kuring. Karunya). Sanajan Nunun kungsi dileler sebutan Ambu ku PP (Paguyuban Pasundan), kuring teu apal kumaha kahaat Adang ka urang Sunda. Malah, mun ngareungeukan obrolan mitoha, isteri Pa Agum leuwih deukeut ka PASI. Manan Nunun. Kumaha kaayaan sabenerna? Wallohualam deui bae. Tapi, saha calon ka opat? Nyaeta can aya. Ngacapruk perkara ieu teh bisi bae aya anggota Kusnet nu rek milu makalang. Panto masih muka. Semah geus datang, euy! Maman Gantra Calon Gubernur Alaska

