Mantab pisan,
didukung pisan ngarah aya urang sunda anu jadi
gubernur dki.
Moga tiasa mawa urang sunda kana kamajuan.

--- "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> atuh kang maman we lah... si kuring.. siap tempur
> lah kang maman jadi
> calon gubernu DKI mah
> mang eta mun US jadi gubernur DKI ulah poho The jack
> amankeun.. ulah
> di parab wae ciga ku sitoyoso
> 
> On 12/14/06, Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> > Faisal Basri anu lahir di Bandung diaku orang
> sunda teu?
> >
> > mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >  Teuing iraha pilihan Gunerbur Jakarta teh. Tapi,
> sawatara urang geus
> >  disebut-sebut bakal nyalonkeun diri dina eta
> "pesta". (Teuing pesta
> >  saha). Nu matak reueus -- oge matak paur, sieun
> kababuk wabah korupsi -
> >  - sawatara di antarana urang Sunda. Mun teu
> salah, urang Sunda nu
> >  disebut-sebut bakal nyalonkeun diri teh aya kana
> 6-na. Saha bae jeung
> >  kumaha ka-Sunda-annana, jeung lolongkrangna?
> >
> >  Calon ka hiji nu kungsi disebut-sebut: Agum
> Gumelar. Ketua KONI,
> >  mantan Calon Wapres (pasangan Hamzah Haz), mantan
> Menhub, mantan
> >  Pangdam Hasanudin, mantan Danjen Kopassus, jste.
> Katineungna kana
> >  Sunda? Walohu alam. Ngan, Agum kungsi nyieun
> Sawengi di Tatar Sunda.
> >  Oge, mun teu salah, jadi anggota Dewan Penyantun
> ASTI-Bandung.
> >  (Bari "salah informasi": Sabenerna nu menta
> disantuni teh SMKI. Ngan,
> >  cenah, anak buahna teu nyaho di mana SMKI Bandung
> teh. Nyahona ASTI,
> >  atuh ASTI nu kabagean rezeki ti Agum teh).
> >
> >  Di kalangan tentara, Agum boga pangaruh. Paling
> heunteu, Endriyartono
> >  ngaku manehna salaku "Kepala Suku". Ongkoh papada
> urang Bandung --
> >  malah sasakola pisan jeung anjeunna, SMA 2.
> >
> >  Sanajan kungsi "ngeprak" PASI (Pasundan Isteri)
> Jakarta, beda jeung
> >  picaloneun lianna, Agum teu kadenge "kampanye".
> >
> >  Calon ka dua: Sarwono Kusumaatmadja. Urut Sekjen
> Golkar, urut Menteri
> >  Lingkungan, jeung aktivis. Beresih tina korupsi.
> Pendukungna, umumna,
> >  mun ningali basa pilihan DPD kamari, barudak
> aktivis. Bubuhan tadi
> >  tea: Anjeunna oge aktivis. Boh di lingkungan, boh
> dina perkara lianna.
> >
> >  Sanajan pilkada can dimimitian, Sarwono geus
> mimiti "kampanye".
> >  Sawatara waktu ka tukang, tim suksesna geus
> ngayakeun Turnamen Catur
> >  sa DKI Jaya. Tayohna, Sarwono Cs rek nguatkeun
> citra dirina salaku
> >  jalma pinter ku ngayakeun eta turnamen. (Padahal,
> ku jadi urang Sunda
> >  ge, citra diri nu eta mah teu kudu diuma-ome
> deui. Urang Sunda mah, ti
> >  loh mahpudna ge geus pinter). Atawa rek ngarawu
> urang Batak, nu
> >  kawentar raresep maen catur? Walohu alam.
> >
> >  Calon ka tilu, Adang Daradjatun. Wakapolri, putra
> jaksa, beunghar ti --
> >  cenah -- ditu ti dieu. Isterina, Nunun
> Daradjatun, kaitung sukses dina
> >  usaha. Lian ti sawatara pausahaan, anjeunna oge
> kagungan sabaraha
> >  majalah. Mun teu salah mah dua. Duanana
> dikokolakeun ku putrana nu
> >  isteri. Teuing nu ka sabaraha.
> >
> >  Lian ti alatan kalunguhannana, Adang oge jalma nu
> pinter gaul. Ku
> >  kabeneran, batur-batur sakolana (SMA I Boedoet,
> Jakarta) oge kaitung
> >  jaradi jelema. Dina reuni SMA Boedoet kamari,
> kadengena Adang jadi
> >  bintang. Lian ti Tanjung nu boga Trans TV jeung
> Bank Mega, alumni eta
> >  sakola di antarana urut Dirjen Dikdasmen nu oge
> atlet, keur poho
> >  ngaranna -- mahasiswa kameumeut Pa Wiranto (urut
> rektor ITB). Oge Cici
> >  Tegal jeung urut pamaen PSP (Orkes Sinar Petromak
> UI).
> >
> >  Bareng jeung isterina, Nunun, gambar Adang remen
> mucunghul dina
> >  majalah-majalah gaul kaum "socialite" jakarta.
> Lain bae dina majalah
> >  boga aranjeunna, tapi oge majalah lianna. Nu
> leuwih independen. (Nepi
> >  ka batur kuring mah "ngarasa kurang" mun majalah
> nu dibacana euweuh
> >  gambar eta inohong).
> >
> >  Adang oge geus mimiti "kampanye". Teuing ti bulan
> iraha, posterna
> >  nyolokan panon urang Jakarta: Nyieun turnamen
> sepakbola -- olahraga nu
> >  meh jadi "agama" jalma loba. Malah, lian ti
> nyieun turnamen mengbal,
> >  Adang oge rajin ngalongokan kampung-kampung nu
> aya di Jakarta. Kaasup
> >  padumukan kuring ayeuna. Sanajan, tangtu bae,
> kuring mah teu ngilu
> >  lalajo. (Bisi Adangna kaelehkeun pamor ku kuring.
> Karunya).
> >
> >  Sanajan Nunun kungsi dileler sebutan Ambu ku PP
> (Paguyuban Pasundan),
> >  kuring teu apal kumaha kahaat Adang ka urang
> Sunda. Malah, mun
> >  ngareungeukan obrolan mitoha, isteri Pa Agum
> leuwih deukeut ka PASI.
> >  Manan Nunun. Kumaha kaayaan sabenerna?
> Wallohualam deui bae.
> >
> >  Tapi, saha calon ka opat? Nyaeta can aya.
> Ngacapruk perkara ieu teh
> >  bisi bae aya anggota Kusnet nu rek milu makalang.
> Panto masih muka.
> >
> >  Semah geus datang, euy!
> >
> >  Maman Gantra
> >  Calon Gubernur Alaska
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Want to start your own business? Learn how on
> Yahoo! Small Business.
> >
> 
> 
> -- 
>
----------------------------------------------------------------------
> AGUS PAKUSARAKAN
>  08128377662
> www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek
> manggung
>
----------------------------------------------------------------------
> Koperias Amanah Sunda
> www.inkas.wordpress.com
> www.azzoman.wordpress.com
> www.azzoman.indonetwork.co.id
> www.indonetwork.co.id/azzoman
>
---------------------------------------------------------------------
> http://aguspakusarakan.blogspot.com/
> http://geocities.com/prabu_siliwangi
> http://geocities.com/lodaya_9
> http://siliwangi.blogs.friendster.com
> 



 
____________________________________________________________________________________
Have a burning question?  
Go to www.Answers.yahoo.com and get answers from real people who know.

Kirim email ke