atuh kang maman we lah... si kuring.. siap tempur lah kang maman jadi calon gubernu DKI mah mang eta mun US jadi gubernur DKI ulah poho The jack amankeun.. ulah di parab wae ciga ku sitoyoso
On 12/14/06, Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Faisal Basri anu lahir di Bandung diaku orang sunda teu? > > mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Teuing iraha pilihan Gunerbur Jakarta teh. Tapi, sawatara urang geus > disebut-sebut bakal nyalonkeun diri dina eta "pesta". (Teuing pesta > saha). Nu matak reueus -- oge matak paur, sieun kababuk wabah korupsi - > - sawatara di antarana urang Sunda. Mun teu salah, urang Sunda nu > disebut-sebut bakal nyalonkeun diri teh aya kana 6-na. Saha bae jeung > kumaha ka-Sunda-annana, jeung lolongkrangna? > > Calon ka hiji nu kungsi disebut-sebut: Agum Gumelar. Ketua KONI, > mantan Calon Wapres (pasangan Hamzah Haz), mantan Menhub, mantan > Pangdam Hasanudin, mantan Danjen Kopassus, jste. Katineungna kana > Sunda? Walohu alam. Ngan, Agum kungsi nyieun Sawengi di Tatar Sunda. > Oge, mun teu salah, jadi anggota Dewan Penyantun ASTI-Bandung. > (Bari "salah informasi": Sabenerna nu menta disantuni teh SMKI. Ngan, > cenah, anak buahna teu nyaho di mana SMKI Bandung teh. Nyahona ASTI, > atuh ASTI nu kabagean rezeki ti Agum teh). > > Di kalangan tentara, Agum boga pangaruh. Paling heunteu, Endriyartono > ngaku manehna salaku "Kepala Suku". Ongkoh papada urang Bandung -- > malah sasakola pisan jeung anjeunna, SMA 2. > > Sanajan kungsi "ngeprak" PASI (Pasundan Isteri) Jakarta, beda jeung > picaloneun lianna, Agum teu kadenge "kampanye". > > Calon ka dua: Sarwono Kusumaatmadja. Urut Sekjen Golkar, urut Menteri > Lingkungan, jeung aktivis. Beresih tina korupsi. Pendukungna, umumna, > mun ningali basa pilihan DPD kamari, barudak aktivis. Bubuhan tadi > tea: Anjeunna oge aktivis. Boh di lingkungan, boh dina perkara lianna. > > Sanajan pilkada can dimimitian, Sarwono geus mimiti "kampanye". > Sawatara waktu ka tukang, tim suksesna geus ngayakeun Turnamen Catur > sa DKI Jaya. Tayohna, Sarwono Cs rek nguatkeun citra dirina salaku > jalma pinter ku ngayakeun eta turnamen. (Padahal, ku jadi urang Sunda > ge, citra diri nu eta mah teu kudu diuma-ome deui. Urang Sunda mah, ti > loh mahpudna ge geus pinter). Atawa rek ngarawu urang Batak, nu > kawentar raresep maen catur? Walohu alam. > > Calon ka tilu, Adang Daradjatun. Wakapolri, putra jaksa, beunghar ti -- > cenah -- ditu ti dieu. Isterina, Nunun Daradjatun, kaitung sukses dina > usaha. Lian ti sawatara pausahaan, anjeunna oge kagungan sabaraha > majalah. Mun teu salah mah dua. Duanana dikokolakeun ku putrana nu > isteri. Teuing nu ka sabaraha. > > Lian ti alatan kalunguhannana, Adang oge jalma nu pinter gaul. Ku > kabeneran, batur-batur sakolana (SMA I Boedoet, Jakarta) oge kaitung > jaradi jelema. Dina reuni SMA Boedoet kamari, kadengena Adang jadi > bintang. Lian ti Tanjung nu boga Trans TV jeung Bank Mega, alumni eta > sakola di antarana urut Dirjen Dikdasmen nu oge atlet, keur poho > ngaranna -- mahasiswa kameumeut Pa Wiranto (urut rektor ITB). Oge Cici > Tegal jeung urut pamaen PSP (Orkes Sinar Petromak UI). > > Bareng jeung isterina, Nunun, gambar Adang remen mucunghul dina > majalah-majalah gaul kaum "socialite" jakarta. Lain bae dina majalah > boga aranjeunna, tapi oge majalah lianna. Nu leuwih independen. (Nepi > ka batur kuring mah "ngarasa kurang" mun majalah nu dibacana euweuh > gambar eta inohong). > > Adang oge geus mimiti "kampanye". Teuing ti bulan iraha, posterna > nyolokan panon urang Jakarta: Nyieun turnamen sepakbola -- olahraga nu > meh jadi "agama" jalma loba. Malah, lian ti nyieun turnamen mengbal, > Adang oge rajin ngalongokan kampung-kampung nu aya di Jakarta. Kaasup > padumukan kuring ayeuna. Sanajan, tangtu bae, kuring mah teu ngilu > lalajo. (Bisi Adangna kaelehkeun pamor ku kuring. Karunya). > > Sanajan Nunun kungsi dileler sebutan Ambu ku PP (Paguyuban Pasundan), > kuring teu apal kumaha kahaat Adang ka urang Sunda. Malah, mun > ngareungeukan obrolan mitoha, isteri Pa Agum leuwih deukeut ka PASI. > Manan Nunun. Kumaha kaayaan sabenerna? Wallohualam deui bae. > > Tapi, saha calon ka opat? Nyaeta can aya. Ngacapruk perkara ieu teh > bisi bae aya anggota Kusnet nu rek milu makalang. Panto masih muka. > > Semah geus datang, euy! > > Maman Gantra > Calon Gubernur Alaska > > > > > > > --------------------------------- > Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. > -- ---------------------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN 08128377662 www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung ---------------------------------------------------------------------- Koperias Amanah Sunda www.inkas.wordpress.com www.azzoman.wordpress.com www.azzoman.indonetwork.co.id www.indonetwork.co.id/azzoman --------------------------------------------------------------------- http://aguspakusarakan.blogspot.com/ http://geocities.com/prabu_siliwangi http://geocities.com/lodaya_9 http://siliwangi.blogs.friendster.com

