Rasionalisasi saperti kitu mah atuh cocok oge pikeun kuring Pa Dosen 
(hehehe rek nyebut Pa Dosen we ah ayeuna mah). Sarua kuring oge butuh eta 
poin-poin ti poin hiji nepi ka genep teh. Mun kitu mah. kuring oge rek 
menta dinaekeun gaji ah ka si Bos, sapuluh kali lipet, heuheuheu...

Eta kuring mah kurang ngarti jeung aturan gratifikasi KPK sakumaha ditulis 
ku Pa Dosen dihandap, yen dosen-dosen nu nyambi jadi konsultan misalna, 
disebut korupsi. Karunya teuing atuh dosen-dosen kuring di ITB, disebut 
koruptor oge meureun. Padahal, aranjeunna mah nyambi teh estu pikeun 
ngabantu "ngabiayaan" ITB oge. Da aya sistem pembagian pendapatanna...

Teuing atuh ah lieur...



Baktos,
OTA
*** Rek jadi dosen tapi teu tulus...
 


Kang Maman, 
Kuring rek ngobrol make aturan aktual ayeuna. 
Ceuk kuring, geus waktuna gaji Dosen teh naek sapuluh kali lipet ti nu 
ayeuna. Rasionalisasina: 
1. Kudu cukup keur nyicil imah Tipe 45/ 120 (minimal). Kunaon bet tipe 45? 
Argumena, tipe 36 teh cenah eta keur buruh (tinggali pamanggih ketua buruh 
dina koran). Ku naon bet 120 M, sabab meh imah eta bisa digedean. Saurang 
dosen kudu boga ruang pribadi (perpustakaan pribadi anu cukup keur bukuna, 
ngarefleksi, jeung nulis tur mariksa pagawean mahasiswa, jrrd). Rohangan 
eta paling hanteu kudu 30-40m2. 
2. Saurang dosen oge kudu bisa ngalanggan media. Bisa koran langsung, 
atawa nginternet; 
3. Kudu boga dana jang meuli buku anyar;
4. Kudu boga tabungan keur rekreasi. 
5. Kudu bisa cukup dana keur nyakolakeun budakna. Keun bae dua oge, sabab 
teu payus mun budakna dosen atikana leuwih handap batan kolotna. 
6. Kudu bisa cukup keur nyicil kendaraan (alusna mobil). 
[catetan: nomerisasi lain urutan prioritas--asal nulis bae). 

Tah, mun geus sakitu, langsung dijeun perjangjian yen saurang dosen moal 
nyambi ngajar kaditu kadieu 

Argumen lain;
1. Saurang PNS, ceuk KPK haram gawe di tempat lain, dina widang lain; 
2. Mun saurang dosen jadi pembicara, atawa nulis di media, atawa narima 
pagawean laina--boh konsultan, atawa LSM--, terus menang bayaran tina 
aktivitasna, ceuk aturan gratifikasi KPK kaasup KORUPSI. Emut korupsi! 
Asli. Mangga parios! (janten, mun nganggo UU eta, sim kuring kaasup 
koruptor; punten. sabab mindeng nyambi janten panitia, ngadamel proposal 
bari dibayar) 
3. PNS paling mungkin gawe sampingana teh, ngawarung (meureun).

sakitu heula

baktos
tantan
_,___ 

Kirim email ke