Sapuk Teh Ida, rarasaan mah kuring salaku PNS teu kitu. Sarimbag jeung Teh
Ida, kuring datang ka kantor jam 8, sarua jeung nu sejen anu nyumponan
aturan. Tah anu beda teh balikna ti kantor, mindengna balik teh leuwih ti
jam 7 peuting, malah mindeng oge bagadang di kantor. Teu aya anu nolih uang
lembur si kuring, teu aya anu nguruskeun. Kuring sorangan teu kaburu
nguruskeunana.

Anu karasa ku kuring mah nagara anu "hutang" ka kuring. Sabab pagawean teh
karasana overload, leuwih ti waktu kuring anu ceuk aturan mah ngan ukur ti
jam 8 - 16 . Oge dina seuhseuhanana, pagawean teh loba nyontang waktu jeung
pikiran.

Soal cuti? wah geus tara kapikiran. Lamun kuring ngagunakeun cuti, kana
baris ngahunyud pagawean.

Ngiritik soal PNS mangga teh teuing. Aya saena, dina ngiritik teh kedah
tataros heula atawa neuleuman heula kahirupan PNS anu warna-warni, anu teu
bisa disakompetdaunkeun. Anu leuwih utama ti eta, PNS lolobana korban tina
sistem anu aya. Madungdengkeun perkara sistem, lain pagawean memeh mumuluk.

Hiji conto wae, hiji hal anu can katoel ku reformasi dina kahirupan PNS
nyaeta soal ngahargaan kana prestasi PNS. SIstem DP3 jauh pisan tina
ngahargaan PNS.

Conto sejen: soal kaproyekan anu masih nganut sistem berbasis anggaran,
sanes sistem berbasis kinerja. Seueur pisan Kang pasoalan PNS mah. Naon rupa
anu mindeng dikritik ku anu sanes PNS, eta mah ukur puncak tina gunung es
pasoalan PNS. Upama hoyong terang naon satemenna pasoalan anu perlu dikritik
jeung dipilarian jalan kaluarna ngeunaan kahirupan PNS, wayahna, kudu survei
jeung ngainventarisir akar pasoalanana.

Sok sanajan kitu, si kuring moal incah balilihan tina PNS, nepi ka pansiun,
Insya Alloh. Kajaba lamun aya sistem nu sejen anu teu merlukeun PNS.
Upamana, nagara teh diurus ku LSM atawa swasta wae teu kudu aya PNS. Tah,
lamun kaputusan sakabeh rahayat urang ngalagkungan wakil-wakilna siga kitu,
karek kuring oge kaluar ti PNS.

Sakitu heula ti sim kuring.

Salam PNS.
manAR


On 12/14/06, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Karunya teuing nya PNS! Meni dituduh jiga kitu.
Iraha atuh kuring jiga PNS nu bisa datang beurang, jeung balik sore keneh.
Gening kuring mah, gawe di kantor tepi ka tengah peuting, kadang tepi ka
isuk2 deui.
Aya "deadline" pagawean nu teu bisa ditunda-tunda.
Teu bisa cuti-cuti acan.
Lamun teu asup sapoe oge bakal katinggaleun proses pagawean.
Walah hayang nya bisa kitu, santaiiiii.............
Hehehe.....

Baktos,
-ika-




On 12/13/06, ono.taryono@ ikpt.com <[EMAIL PROTECTED]> <ono.taryono@
ikpt.com <[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>
>
> Tah, emang eta ngeunahna jadi PNS teh. Ieu mah ceuk mamang, bibi, jeung
> kolot kuring, jadi PNS mah rea waktu salse. Asup leuwih ti jam 8, kadangkala
> nepi ka jam 10. Ngan ari mulang, can oge wanci asar geus aya di imah. Kamana
> atuh sesa jam kantorna...? !Cenah mah dipake "bisnis sampingan"...
>
> Hayang kuring oge jiga kitu mah heuheuheu...
> Enya, digawe bari jeung rea waktu salse, meh bisa "bisnis sampingan"
> oge.
> Ngan teuing kunaon, ti baheula kuring mah teu niat jadi PNS teh.
> Mendingan kieu we jadi kuli swasta, sok sanajan gawe cape, pikiran jeung
> tanaga, tapi asa karasa ni'mat, asa karasa barokah. Komo mun geus inget ka
> pamajikan jeung si cikal....
>
> Kitu meureun...
>
>
>
> Baktos,
> OTA
>
>
>
> apan uing pernah nanyakeun naon daharna?
>
> jadi jelas ayeuna mah, loba anu asup kana beuteung teh anu hal haram...
> lain ngadahar babi wae anu diharamkeun teh..
> karunya uing mah, hari gini masih kagak tau halal haram....ceuk ustadz
> sanusi!
>
> mun pns mangkir 3 bulan mah teu aneh..
> tatangga gawe  di pemda, mangkir ampir 6 taun.....
> eh asup deui.
> kumaha gaji anu ditinggalkeun. ...dicokot ku kabag na_,___
>
>


--
tantan hermansah
www.tantanhermansah .co.nr <http://www.tantanhermansah.co.nr/>

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi- -



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Kirim email ke