diajar kokotret, teuing poe naon, poho, aya sms ti gan kadiv*.. pereleanna mah poho ngan mun dipondokeun jadi kieu: ,,kang iraha aya waktu, urang ka kang rudy, juragan onta". wawales kuring pondok: ,,hayu, saptu atawa minggu sasarina mah kosong". poe jumaah denger deui hape nyalukan cenah aya nu nalipun. geuning ki coyan. ngabejaan, isukan jadi cenah ka kang rudy, indit kira2 jam sapuluhan.
isukanna-isuk-isuk.. sanggeus sagala saged, jam salapanan kuring indit ka kosan ki coyan. di dinya geus aya kang hendra (kuncen bogor). cenah masih nungguan duaan deui, hadi jeung opik. jam sapuluhan kakara miang ngajugjug bcv (bukit cimanggu villa)--sanggeus hadi opik daratang. kang hendra naek motor bareng hadi, sedeng kuring, coyan jeung opik nikreuh. nuju ka terminal, rek naek beus. teu kudu kacatur dijalanna da euweuh nanaon, ukur manggih sababaraha wanoja, ibu2, bapa2, budak jeung jajaka. bari sajajalan ngeremus gehu,bala-bala jeung comro. kocapkeun weeehhh geus .... datang ka lawang bcv, ngadon bingung. saurang ge tinu tiluan euweuh nu nyaho alamat lengkep imah kang rudy. opik nga sms kang hendra. lila teu aya jawaban. basa si kuring ningali sakadang hape geuning geus aya sms ti kang hendra cenah ,,pos 7, saung henggoy". masih bingung. nya nanya ka nu aya di jero pos 1. (indonesia)... ,,kang ari pos tujuh belah mana?" ,,tuturkeun we jalan utama ke geus pos opat, belok ka katuhu, terus tuturkeun jalan utama". ,,jauh kang?" ,,hmmm... jauh... kira-kira 2-3 km". ,,deukeut geuning coy", jiwa ngaprak kuring ngadadak kahudang, ,,leumpang we yu". ,,nya hayu atuh". bring tiluan ngabring. ngan teu jadi cape leumpang 3 kilo, kira-kira karek leumpang saratusan meter, geus aya nu ngajemput. dua motor. nu mawana, hadi jeung runa. hehe kabayang mun tulus leumpang. keur mah panas geuning 3 kilo teh jauh :D nepi ka saung henggoy. (kang rudy muka warung nu ngajualan rupa-rupa kadaharan jeung inuman, dingaranan ,,saung henggoy"). di dinya geus nyampak kang hendra jeung kang eko, maturan ..... juragan onta. beda euy jeung bayangan. geuning bandar korma teh sed leuwih jangkung saeutik tina implengan samemehna. sanggeus sasalaman mah, der weh gur ger ngobrol ngaler ngidul sagala diobrolkeun.... sagala! bari ngadon nginum dagangan kang rudy. dibaturan ku korma bogor. sale cau! jeung goreng garing tempe... korma arabna mah teuing kamana hehe... jam ... kang rudy ngajak pindah tampian... dahar heula cenah. enya we. di pipir imah geus ngabarak. dina luhureun dua heulay amparan samak geus aya.... sangu dina seeng jeung aseupanna langsung, kulub peuteuy, pencok kacang panjang jeung terong, goreng lauk emas, goreng lauk asin (dua rupa), sambel tarasi, sababaraha rupa lalab, kurupuk. eta nu ditataan can kabeh diakut ti jero imah geuning. masih aya.... semur jengkol! goreng oncom.. teu poho panguras sungut, gedang jeung korma (asli arab ieu mah) asana mah aya keneh ieu teh tapi poho euy... ke tungguan sugan potona ku kang eko dikecemplungkeun... beres sarerea dahar torojol reza. nya acara dahar teh asup rintakan kadua. nu boga catur reza, audiens-na nu lianna. geus rengse hadi amitan ti heula, rek ka ps. minggu cenah. nya kabeh teu bisa ngahulag ukur bisa ngadoa sing salamet hehe beres dahar... balik deui ka saung henggoy.... ngadu rahul deui. eh enya poho basa beres dahar norojol reza. kira jam poho euy sore pokona mah, amitan balik. kang eko, runa jeung reza kanu motor. kuring kang hendra, coyan jeung opik dianterkeun kanu onta ku kang rudy ka lawang bcv...... **** halah euy cape geuning... ngayayay deuih.. hampura! kat: *) runa inawan... choyan = yayan mulyana ([EMAIL PROTECTED]) opik = taufik ... (urang darat ieu mah) hadi = hadi tukang design tea... kang hendra = pun hendra ([EMAIL PROTECTED]) kang eko = eko rn ([EMAIL PROTECTED]) reza = reza krisdian (urang ipebe tea) --- gendudh ::daluanggebisatinabincurang::

