Poe jumaah kamari kuring papanggih jeung babaturan sakola, awewe. 
Geus lila teu papanggih, sanajan kantorna di Bandung, tapi nanehna 
ayeuna keur kuliah deui nyokot S3 di Jakarta. Biasa si eta mah 
carahal-cirihil, ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila obrolan teh 
nyaritakeun soal nyandungna Aa Gym. Cakakak manehna teh seuri ....ah 
da biasana cenah urang Sunda mah karesepna nyandung teu kaop maju 
saeutik. Ceuk kuring teh ulah kitu, kawas lain urang Sunda wae, 
maneh teh.

"Heueuh da loba contona", pokna teh. "Dulur sayah ge hiji oge euweuh 
nu boga salaki ka urang Sunda. Ngan sayah we nu boga salaki ka urang 
Sunda deui teh"
"Tah pan salaki teu nyandung lain?", ceuk kuring teh
"Heueuh, kabeneran we bageur, teuing lamun beunghar mah", cenah bari 
nyakakak.

Naha bener urang sunda beuki nyandung? meureun. Ngan katingali 
stereotyping lalaki Sunda beuki nyandung, cukup kuat. Teu kurang MAW 
Brouwer baheula nulis di Kompas di taun 1970'an, waktu manehna 
ngasuh "Kontak Psikologi", Lamun hayang boga salaki anu nurut, 
bageur, kawin jeung Urang Jawa. Tapi upama hayang nu "hot", kawin 
jeung lalaki Sunda, ngan kudu kuat engkena sok dipangnyandungkeun.

Pamajikan kuring geus 8 taun ngurus gedong di kantorna ( di Bandung) 
nu sok dipake resepsi kawinan. Nu matak kaget, salila 8 taun 
nguruskeun gedong, ampir 80% nu kawin, awewena urang Sunda, lalakina 
lain urang Sunda!. Kadang kuring sok nanya ka pamajikan, kunaon eta 
teh, awewe Sunda loba2 teuing kawin jeung etnik sejen. Jawab 
pamajikan teh sangeunahna, " Da urang Sunda mah beuki nyandung!", 
kawas salakina lain urang Sunda wae.

Enya kitu, lalaki Sunda boga bakat jadi polygamer?

Baktos,
WALUYA



  

Kirim email ke