Ralat sauted yeuh. Dina kalimah di handap, jigana asa leuwih merenah mun make kecap "ngagaduhan" tibatan "gagaduhan" heuheuheu...
Lain euy, asa teu kabayangkeun ku kuring mah kumaha riweuhna ngatur "peredaran" mangkeluk-mengkeluk nu aya di alam ieu, boh bentang, asteroid, meteoroid atawa planet jsb. Sakitu tartibna aya dina orbit sewang-sewangan... Ku ayana energi kinetik nu dipiboga ku masing-masing mangkeluk eta, lantaran maranehna "leumpang" teu eureun-eureun boh rotasi atawa revolusi, sanggup ngayonan energi potensial gravitasi diantara maranehna jeung papada baturna. Kumaha jadina mun Pangeran kalayan kakawasaanna ngeureunkeun maranehna tina "peredaran"-na, jadi teu bisa "leumpang" deui...??! Heuheuheu nu kaimpleng ku kuring mah tangtu energi kinetik nu dipiboga ku maranehna baris tumpur. Nu aya tinggal energi potensial gravitasi. Euweuh deui kakuatan pikeun ngayonan energi potensial eta, nu balukarna eta mangkeluk baris paadu jeung papada baturna. Meureun kiamat tea katelahna... Baktos, OTA *** Tibatan Ngahuleng Mikiran Pagawean punten ka anu tos gagaduhan

