aeh enya hapunten, kirang hurup N dipayuna
-----Original Message-----
From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, December 20, 2006 11:45 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] FW: (OOT) Bumi di Alam Semesta (teu disundakeun)
Ralat sauted yeuh. Dina kalimah di handap, jigana asa leuwih merenah mun make
kecap "ngagaduhan" tibatan "gagaduhan" heuheuheu...
Lain euy, asa teu kabayangkeun ku kuring mah kumaha riweuhna ngatur "peredaran"
mangkeluk-mengkeluk nu aya di alam ieu, boh bentang, asteroid, meteoroid atawa
planet jsb. Sakitu tartibna aya dina orbit sewang-sewangan...
Ku ayana energi kinetik nu dipiboga ku masing-masing mangkeluk eta, lantaran
maranehna "leumpang" teu eureun-eureun boh rotasi atawa revolusi, sanggup
ngayonan energi potensial gravitasi diantara maranehna jeung papada baturna.
Kumaha jadina mun Pangeran kalayan kakawasaanna ngeureunkeun maranehna tina
"peredaran"-na, jadi teu bisa "leumpang" deui...??!
Heuheuheu nu kaimpleng ku kuring mah tangtu energi kinetik nu dipiboga ku
maranehna baris tumpur. Nu aya tinggal energi potensial gravitasi. Euweuh deui
kakuatan pikeun ngayonan energi potensial eta, nu balukarna eta mangkeluk baris
paadu jeung papada baturna.
Meureun kiamat tea katelahna...
Baktos,
OTA
*** Tibatan Ngahuleng Mikiran Pagawean
punten ka anu tos gagaduhan