> From: [EMAIL PROTECTED]
> Lain euy, asa teu kabayangkeun ku kuring mah kumaha riweuhna ngatur 
> "peredaran" mangkeluk-mengkeluk nu aya di alam > ieu, boh bentang, 
> asteroid, meteoroid atawa planet jsb. Sakitu tartibna aya dina orbit 
> sewang-sewangan...

Kang Ono, kadang-kadang "mangkeluk" langit teh sok mawa karep sorangan. 
Kurang leuwih sapuluh taunn katukang, para astronom nyaksian hiji barang 
langit (hilap deui jenisna  mah, mungkin meteorid) nu kacida gedena, nubruk 
Titan, bulanna planet Yupiter.  Nu kaciri ti Bumi, Titan jadi robah warna 
sanggeus tubrukan eta, nu nunjukkeun aya kajadian hebat di Titan. Ceuk cenah 
mah, barang langit nubruk kamana wae teh, sabenerna mah kajadian biasa, ngan 
biasana nu sok tabrak-tubruk teh relatif leutik. Dunya unggal poe 
dibombardir ku batu lalaleutik ti luar angkasa. Ngan teu tepi kana taneuh, 
kaburu beak, kaduruk waktu asup atmosfeer bumi. Urang biasa nyebutna bentang 
ragrag ....atawa meteor. Tapi aya oge meteor nu teu beak kaduruk, nubruk 
bumi,  nyesakeun batu meteorid. Kajadian ieu lamun teu salah mah, kacatet di 
Rusia samemeh Perang Dunya ka I.

Aya teori, cenah mah punahna Dinosouarus raksasa teh kulantaran Dunya 
ditubruk meteor gede (tempatna di teluk Mexico), nepi ka ngarubah iklim 
dunya. Sang "dino" teu sanggup hirup ku robahna iklim nu ngadadak, nya 
pararaeh ....punah.

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke