Neng Ely
( Nu nyebut cantik kadirina, sabab batur euweuh nu nyebut cantik, tangtuna
oge )
Internetna ulah ka Warnet atuh neng ! Dibumi geura /dikamar ,supados tiasa
dibuka iraha bae ari salsena.
Sual sabaraha pendapatan jeung karugian hiji hijina jalma, na make pusing,
deuk pangangguran, deuk aktip, sanes urusan eneng,
Uteuk nu miskin, nu diudag udag ngan duit,
Tapi nu jembar mah, udaganana lain duit, tapi kabagjaan lahir bathin, duit
mah pan ngan ukur alat.
Jadi ceuk kuring mah neng Ely teh " miskin" boh hate,boh pikiran, kukituna ka
sadaya warga kusnet kedah " DIMAKLUM ", keun sina ngacapang , mudah mudahan
anjeunna kahibur.
Urang sunda dijejeleh , " sieunan, euweuh kadaek, pangangguran"
Yeuh urang sunda teh teu siga eneng sadayana, sieunan bari " wani soteh "
dina milis,
Ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng siang baraya,
Kang BOHAY, kang Waluya, teh Ika, kang Jaka, neng IVA, kum wae sadaya warga
US, wilujeng tepang deui didunia maya.
Kamari abdi ngantunkeun warnet wanci kieu, teras ka dalem kaum, ngabaso,
teras kukurilingan, uih sonten, atuh ahirna ayeuna ka warnet deui jam sakieu
oge, langsung muka milist US, tos aya 78 posting.
Abdi maca sadayana, hiji-hiji dibaca, dibaca anca, tapi dibaca wungkul, upami
saur murangkalih sakolaanmah menangkap informasi, hartosna masih tingkat
panghandapna, eta informasi heunteu diolah (dianalisa), mung dibaca wungkul we,
janten nu nempel dina pikiran mung 1% kitu oge upami nempel, teu kairongrong
acan hoyong ngadamel sintesa posting kanggo kaperyogian nga reply.
Sabaraha jam anu diperyogikeun ?
Abdi seep du jam satengah mung kanggo maca wungkul.
Ayeuna mulai permainana:
Saha jalmi anu gaduh waktos sadinteun kersa maca hiji milist dugi ka dua jam
satengah ? Pastina jalma pangangguran, atanapi nu nuju stress, atuh oge jalmi
anu teu tiasa gaul langsung (direct conversation), tangtos dina kelompok ieu
teh aya pensiunan, aya mahasiswa kuulen jsb.
Ayeuna tinjau:
Kaum profesional, mangga hoyong kelompok mana nu didamel conto, pialang,
dokter, pengacara, rekayasawan, pilot. Candak we pengacara, misalna Rohut S. Si
abang Rohut tarifna US $ 400/jam (tiga juta enam ratus ribu rupiah/jam), upami
dua jam maca posting milist US, hartosna anjeuna ical artos kinten-kinten 7
juta/2jam/hari, upami sataun sami sareng 1,4 milyar (untuk 200 jam kerja yang
hilang), atuh pamarentah Indonesia oge ical artos 30% tina pajak Rohut. Upami
macana weungi, kanggo naon ? mending dianggo istirahat atanapi membina keluarga.
Kaum buruh, mangga kelompok mana anu bade dianggo conto, naha buruh anu
didamel dinagara nu disebat pagawe negri, atanapi buruh swasta. Candak we
dua-duana.
Misal buruh swasta, anu pang hebatna misalna teh IKA, anu tisusut
tidungdungdung, buburuh nepi kasubuh, kuli nepi ka janari hanya untuk sesuap
nasi. Cobi candak waktosna 2,5 jam kanggo maca milist, sabaraha energi + artos
nu ical, mending dianggo istirahata atuh, pasti teh IKA teu tiasa maca milist,
upami dipaksakeun pasti ngajoprak. upami teh IKA tetep maksakeun, pasti mukana
sakainget curuk mencet nu mana, replyna oge asal jadi, kadang anu diserat tebih
sareng nu aya dina fikiran, antukna sabulang bentor.
Misal buruh nagara, diantawisna guru, dosen, pagawe pemda, pagawe kecamatan.
Atosmah gajih leutik, waktosna 2,5 jam dipaksakeun maca milist, teu nalar
namina, saur pun bapamah teu nalipak maneh, mending oge dianggo mikir kumaha
tiasa usaha diluar sarengsena ngalaksanakeun tugas utama, kanggo nambih risiko
dapur. Upami maksakeun, contona kang Waluya guru fisika, atuh hasilna oge
upami nga reply pasti seueur lepatna, margi emutanana pagunyeng-gunyeng sareng
kumaha carana ngatur risiko dapur, artina daya nalarna katutupu ku kasusah,
atuh nya replyna oge sahabekna we duka kamana arahna, anu penting aya we, anu
penting kang Waluya posting, padahal sacara teu sadar kang engke nuju ngawulang
murid oge pikiranana kangganggu, dina pikran kang Waluya nuaya ngan "kumaha
carana ngareply Ely nu baong, nu calutak". Komo pangkat dosen mah moal aya anu
kersa ngaluangkeun waktos muka atanapi maca milist model kieu, upami aya tiasa
dipastikeun eta dosen nuju prustasi atanapi bade
kehilangan existensina, bahasa kerenamah menuju "Post power sindrom"
Usahawan atau kelompok wiraswastawan, aduh akang nu karasep, teteh anu
gareulis, moal aya usahawan maksakeun muka milist, maranehnamah motona oge
"Time is money", kanggo naon muka milist nu jelas miceun artos, tukang cukur we
misalna dua jam maca milist hartosna jam 10000 rupiah ngalayang, hartosna 2
langganan kabur, komo deui usahawan tingkat Bakri atanapi Sudono Salim anu
sajamna tiasa menciptakan 2 milyar, naha kersa miceun waktos maca milist.
Penguasa, misalna direpresentasikeun ku lurah, camat, bupati, walikota,
gubernur jsb, aduh bakal ancur atuh pamarentahan upami penguasa menghabiskan
2,5 jam perhari kanggo mukaan e-mail di milist, bade kumaha ngatur pemerintahan
atuh. Malih kelompok nu kieu mah no HP na oge mung kanggo sababaraha jalmi,
untuk keluarga, untuk atasan, untuk bawahan langsung, untuk relasi.
Para Mahasiswa, ieu teh calon pemimpin bangsa atanapi calaon penganggur oge,
maranehna boga tugas utama belajar supaya duit ti kolotna manfaat. Maenya teu
karunya ka ema ka bapa, nu kuli macul ngabedug, atawa dagang bongsang, atawa
tani kacang panjang, ari pek duitna ku siujang kalahka dipakai macaan milist,
waktu keur diajar dipakai mukaan milist. Komo kang BOHAY mah nu sakolana
adiministrasi (tata tuliuis) diluar negri LN anu tangtu duitna lain saeutik,
komo lamun make beasiswa ti nagara mah, duh lebar teuing waktuna dipake mukaan
milist, komo dipake ngareply ka Ely bari hayang kapuji pedah sakola di LN, sing
karunya kanu mere biaya atuh kang, atuh lamun maksakeun oge mukaan milist bisa,
ngan hasilna engke jadi BOHAY MBA (Master Bari Andekak) da mukaan milistna bari
andekak.
Para penganggur, pensiunan. Tah ieu anu paling cocok, sabab killing time
namina, waktu terasa cepat, teu karaos nganggur, teu karaos pensiun, terang
terang tos bade maot weh. Cobi upami penganggur teu aktif kana milist, dua
setengah jam itu terasa setahun, upami sabar teu nanaon, upami teu sabar
lumpatna kana DUGEM, kana nyepet, malah bisa-bisa gogodeg sorangan jsb, kitu
oge pensiunan atuh bisa ngalamun wae gawena mikiran nasib .....
Berapa waktu yang terbuang ?
Upami anggauta milist US 1500, sadayana maca (wungkul) heunteu ngareply,
ditaksir 3000 jam/hari energi warga sunda ngalayang.
Tapi kanggo abdi anu nuju nganggur meuni asa katulungan yeuh ku milist US
teh, "Killing time" tea atuh. Tuh geuning teu karaos tos opat jam di Warnet,
janten 20000 rupiah eun yeuh.
Tah kitu akang, ceuceu ngacaprukan Ely teh.
Tapi Elly-mah resep gaul jeung sasama sunda teh, sababna karasa urang sunda
mah gede hampura, tara neuteuli, ngambek teh ngambek nyaah, janten upami ayena
Ely dibenduan ku sadaya anggauta milist teh Ely mah bungah, hartosna para warga
masih nyaah ka Ely.
Tapi abdi sebagai urang sundateh ngaraos heran, kunaon dididik sieunan, jadi
we bodo, buktosna urang sunda bodo teh teu bisa milih pimpinan, buktosna
hasilna dimana-mana di tatar sunda seueur pimpinan hasil pilihan rakyat mun teu
korupsi eh kalakuanana ka arah dzolim. Padahal mun urang dididik pinter,
engkena bisa kritis, bisa wani nuduhkeun ka pimpinan yen tindakana salah, ari
ayeunamah pan heunteu !
Tah ayeunamah sebagai tantangan pertama, kumaha upami urang
Galakeun/embarkeun/iklankeun Yen nu kudu diajenan/dipieling ku urang sunda teh
IBU DEWI SARTIKA, urang ayakeun tiap tahun hari Dewi Sartika dengan meriah
..... sok deur ah.
Sakieu heula atuh ti Ely, ieu patuangan tos kukurubukan, bade ka "SAWIOS"
heula, hayu kang BOHAY, teh IKA, Kang Waluyo ka sadayana di Antos jam 02.30 di
SAWIOS.
Sok kang Waluya, kang Bohay seuseulan deui Ely, awas mun heunteu, hartosna
teu nyaah ka Ely wew........
Insya Allah, sanes waktos Ely bade nyobi sadaya posting dibaca, dianalisa,
disintesa teras di reply, mung bade ngayaktoskeun yeun milist teh ageung pisan
gunana kanggo jalmi pangangguranmah.
salam
Ely Evalita nu geulis tea.
Note:
Posting selanjutnya Ely ingin membahas isi posting milist kebanyakan tak
mengarah, amburadul, asal-asalan dll, karena ditulis oleh orang awam atau orang
yang bukan ahlinya, bahkan orang iseng.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com