Nembe dinten Saptu ieu dugi ka dinten Senen pere teh...
Heuheuheu... aya ku "terus rasa", punten sanes hilap atanapi dipopohokeun,
  namung emutan teh bade ngawaler ti rororompok, ambeh jongjon sareng teu aya
  anu ngadelekkan, namung teu ku hanteu, komputer anu dirorompok teh kaserang 
  panyawat amuradul, janten kamari ieu teh diopname dibengkel kenging 10 
dinten, nembe
  dinten Jumaah sonten kamari komputer teh walagrina.
  Upami teu lepat mah, patarosan anu teu acan kawaler teh, perkawis "kaulinan 
barudak".
  Kaulinan barudak dikampung jaman harita, henteu tebih sareng alam, solokan, 
wahangan,
  sawah, kebon, huma, pasir, gunung, basisir eta sadaya medan/tempat pangulinan 
barudak
  kampung.
  Kaulinan barudak (alit), waktos harita ;
  Maen Panggal, Maen Muncang, Maen Kaleci, Gatrik (getok lele di Bogor mah), 
  Bebeletokan (bebedilan tina awi, pelorna, keretas dikeueuman cai teras 
dibuleud-buleud, kembang jambu samarang/jambu aer, buah kanyere, buah lampeni 
atah), 
  Papanahan (gondewa tina bebekan awi, tali gondewana rara/tambang alit tina 
kulit tangkal waru atanapi sebetan gebog cau garing, teu aya tali rafia waktos 
harita mah, paserna tina awi diseukeutan teras dipengkerna nganggo bulu hayam 
dicapit, inceranana jantung cau, atanapi ngadamel tina gebog cau). 
  Maen gobag atanapi galah.
   
  Kaulinan barudak rumaja ;
  Sapertos anu parantos dipedar dina postingan tipayun, kayaning : ngala 
buyutuk, nguseup, ngecrik, ngala suluh aya deui ; 
  Munay (ngala lauk) carana, dua lambar daun cau, congona disambungkeun, teras 
palapahna dileyek supados leuleus, unggal tungtung dicepeng ku sajalmi, teras 
dicandak
  kawahangan anu caina deet, kirang langkung sabitis, teras anu nyepeng punday 
maju ti
  hilir ka girang, lauk anu kakepung biasana mubuy/mubus kana keusik, tos 
dilebet kana keusik mah kantun nyair ku ayakan atanapi dirawu keusik tempat 
mubuyna, laukna lauk
  uncun saageung-ageung cingir.
  Nguneur/ngala sayur pucuk tatangkalan, kayaning pucuk mareme, pucuk lampeni, 
pucuk jambu monyet/mente.
  Ngala supa, biasana dina ngawitan usum ngijih/hujan, sok seueur rupi-rupi 
supa,
  kayaning supa lember, supa amis sok jaranten dina tunggul atanapi catang kai, 
  supa suung, aya dua rupi suung, suung rampak biasana sok ngalayah aya belasan 
tangkal
  supa suung, teras suung bulan, langkung ageung ti suung rampak namung paling 
seueur
  3 dugi ka 5 tangkal.
  Nyair, ngala lauk ku ayakan, laukna hurang beas, boboso sareng solear,
  Nyirib, ngala lauk ku sirib (anyaman carang tina benang kanteh) carana ; dina 
cai wahangan anu ngeyemeng (teu palid), terebkeun siribna teras alungan eupan 
tina huut lemes, tos sababaraha menit nembe diangkat, laukna rupi-rupi, hurang 
beas, tampele, beunteur, boboso, uncun, regis kadang-kadang lele sareng 
bulan-bulan.
  Gegere sapertos ngusep, mung bae kenur na pendek mung sajeungkal tina 
tungtung 
  jeujeur, eupanna, cacing, hurang, peujit hayam, laukna ;  boboso sareng 
lubang (sidat)
  carana saparantos useup dieupanan teras dilogokkeun kana liang disisi 
wahangan, 
  liangna, tiasa dina cadas, batu, sela-sela akar tatangkalan.
  Nawu (marak), biasana dina usum halodo, waktosna cai wahangan alit/solokan, 
caina
  sakedik, carana dina babantar hilireun sareng girangan cai anu rada ngaleuwi 
dibendung, 
  tos kabendung tihilir sareng tigirang mah kantun ditawu cai anu ngaleuwina.
  Ngala manuk biasana nganggo Pitapak kanggo manuk-manuk sapertos puyuh, 
titiran,
  tikukur sareng cangehgar, carana ngadamel pitapak (eurad) tina tali anu kiat, 
teras 
  ditalikeun kana regang awi kanggo jeujeurna teras tancebkeun kana taneuh, tos 
kitu ngadamel palang tina regang, saparantos tali di damel eurad dibuleudkeun 
digolerkeun dina taneuh teras jeujeurna dicantelkeun kana palang regang, tos 
kitu mah dina buleudan eurad kantun ngawuran bangsal, kantunkeun we, diawaskeun 
ti katebihan, upami manuk tos nyampeurkeun, nyatuan eupan bangsal lami-lami 
palang regangna katincak, upami katincak
  jeujeurna sok nyentok cengkat, biasana suku manuk anu kaeurad.
  Kanggo manuk-manuk sapertos piit, galatik, kerak, ekek sareng manuk-manuk 
sanesna
  anu sok nyayang dina gorowong kai nganggo Porogan carana ngadamel porogan 
tina tali tangkal cau rupina mirip sareng kecrik munn pendek kirang langkung 
sajeungkal, eta poog dilebetkeun kana liang sayang manuk, upami manuk lebet 
kana sayang tangtos kaeurad ku porog.
  Susumpit, ngala manuk ku sumpit.
   
  Tos ahh.., sakitu wae heula..bilih baroseneun anu ngaosna.
   
  Pihatur,
  ssw
  
Reksa Gantra [EMAIL PROTECTED]
          Pih, teu acan pere? Wawanohannana urang teraskeun.
Masih seueur nu bade ditaroskeun. Nu kamari ge masih
aya nu teu acan diwaler. Baktos, Pun Maman.


      Recent Activity
    
      23
  New Members

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Yahoo! for Good
  Get Inspired to Give
  Donate before the
  end of the year.

    Yahoo! Mail
  Next gen email?
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta.

    Yahoo! Photos
  Share Your Photos
  via email & mobile



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke