UDUD jeung DPR
   
  Aya pamuda galab aranna Aep nitah meuli roko Gudang Garam ka adina si Deden. 
Kulantaran galab nyebut “Gudang Garam Filter” jadi “Gudang Garong Pinter”.
  “Den pangmeulikeun roko Gudang Garong Pinter sabungkus.” Titah Aep bari song 
duit ka si Deden. Teu kungsi dititah dua kali, dengdeng we si Deden miang ka 
warung.
  “Mang meuli roko…”
  “Roko naon??”
  “Gudang Garong Pinter (maksudna Gudang Garam Filter)”
  “Nu etamah, tuh loba di Gedong DPR…”
   
  Carita eta memang ngan karangan wungkul… Tapi aya pesen moral dina eta 
carita. Mangsa rahayat keur kacekek ku harga nu pating terekel katambah langka 
minyak tanah jeung barang sejenna tapi anggota DPR menta naek gajih nu teu 
euleum-euleum. Make alesan jang biaya operasional tai anjing sagala… Padahal 
media geus ribut ngaberitakeun geus loba rahayat nu ngadalahar sangu poe atawa 
nasi aking. Rajeun aya nu nolak pajarkeun teh teu loyal jeung anggota sejen. 
Kitu deui basa patani kacekek ku harga pupuk nu ngadadak langka bari jeung 
harga parena teu puguh… Malah ribut hayang impor beas.
   
  Duuuh… Gustiiiii.. rek di kamanakeun ieu nagri…???

 Send instant messages to your online friends http://asia.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke