Mun cek bahasa si kuring mah nu kitu patut teh : beungeutna diteundeun na
bujur.....alesan om teddy nu nyebatkeun kenaikan gaji teh keur biaya
operasional teh "TAI ANJING..." kuring satuju pisan, sabab nu ngalakukeun na
ANJING!
Punten rada kasar SEBELL atuda....
geus dipilih kalah nyekek..... hartina NULUNGAN ANJING KADEMPET....!!
Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
UDUD jeung DPR
Aya pamuda galab aranna Aep nitah meuli roko Gudang Garam ka adina si Deden.
Kulantaran galab nyebut “Gudang Garam Filter” jadi “Gudang
Garong Pinter”.
“Den pangmeulikeun roko Gudang Garong Pinter sabungkus.” Titah
Aep bari song duit ka si Deden. Teu kungsi dititah dua kali, dengdeng we si
Deden miang ka warung.
“Mang meuli roko…”
“Roko naon??”
“Gudang Garong Pinter (maksudna Gudang Garam Filter)”
“Nu etamah, tuh loba di Gedong DPR…”
Carita eta memang ngan karangan wungkul… Tapi aya pesen moral dina eta
carita. Mangsa rahayat keur kacekek ku harga nu pating terekel katambah langka
minyak tanah jeung barang sejenna tapi anggota DPR menta naek gajih nu teu
euleum-euleum. Make alesan jang biaya operasional tai anjing sagala…
Padahal media geus ribut ngaberitakeun geus loba rahayat nu ngadalahar sangu
poe atawa nasi aking. Rajeun aya nu nolak pajarkeun teh teu loyal jeung anggota
sejen. Kitu deui basa patani kacekek ku harga pupuk nu ngadadak langka bari
jeung harga parena teu puguh… Malah ribut hayang impor beas.
Duuuh… Gustiiiii.. rek di kamanakeun ieu nagri…???
Send instant messages to your online friends http://asia.messenger.yahoo.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com