> --- In [email protected], "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > Ari bangsa urang. lah nya kitu tea, tong boro diajak perang, > diajak lari 2 km oge tangtu ngajurahroh geura. kalahka beuteung we > gararendut.
Perang Kang? ..... ngan bangsa lieur nu daek perang mah. Jaman ayeuna perang lain hal nu dipikaresep, lamun bisa mah disingkahan jauh-jauh. Romantismeu perang ngan aya dina wayang jeung dina film-film hollywood. Dina dongeng Mahabarata, perang digambarkeun pinuh ku romantismeu, kaendahan-kaendahan tina katelengesan, contona Bima nguyup getih Dursasna atawa Drupadi diangir (dikeramas) ku getih Dursasana. Romantismeu nu sarupa digambarkeun dina film-film perang Hollywood. Tapi perang saestuna lain romantismeu, tapi katelengesan jelema ka jelema deui : getih ngalayah, peujit budal-badil, sirah amburadul, suku ngacleng. Lembur-lembur amburadul, kota-kota paburantak. Teu aya nu endah dina perang, nu aya ngan saukur kaancuran, manusa ngabasmi manusa sejenna. Jadi, keur naon kudu perang sagala? Baktos, WALUYA

