Assalamu'alaikum Wr.Wb
Punten ah ngiringan nimbrung
Ieu situs teh hade kanggo ngariung masyarakat-masyarakat sunda nu aya di
saalam dunya...komodeui kango ngalestarikeun bahasa Sunda..
sim kuring aya ide kumaha lamun seni jeung budaya sunda di lestarikeun ku
acara nu satiap satahun sakali nu di pusat keun di salah sahiji kota
anu contohna kota Bandung weh
1. Kumaha mun satahun sakali masyarakat sunda di piwarang nganggo acuk
tradsional,mun istri kanggo kabaya,mu pameugeut kanggo pangsit?
pokonamah baju tradisional weh
2. Di ayakeun seni-seni tradisional budaya sunda,pan seni sunda teh loba
dimimiti calung,dogdog,angklung,kacapi suling,degung,pencak,jeung
sajabana
3.Di barengan ku kadaharan-kadaharan sunda di mimiti
Surabi,batagor,basotahu,lotek,bajigur,bandrek,cendol jeung sajabana
eta acarateh dihijikeun,salain kanggo kalestarian seni jg budaya sugan ieu
janten seur minat kanggo turis-turis...
duh punten bilih tulisanna teu kahartos..
mun aya seniman-seniman sunda pang ajukeun ka pamarenta daerah jawbaratnya
atanapi kota bandung
sakieu we heulanya
wassalam
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com