bulan februari 2007 isuk, dina akte, pangurus seep masa jabatanana. tah kanu kersa janten pupuhu, mangga ngacung. kuring moal incah, mun dikacikeun ku pupuhu anyar, rek neruskeun hanca pasaka, program pabukon simpay katresna tea.
salila ieu, kapangurusan wakil, bendahara jeung sekretaris ngan ukur legal formal/ditunjuk tonggong-sangkan bisa jadi yayasan, pangna teu maksa kuring neangan bendahara jeung sekretaris nu enya2 bisa gawe, alatan pagaweanana oge can loba da yayasanana masih leutik keneh. jadi sangkan praktis dina lengkahna, da can loba kagiatan, ngan ukur narima kiriman kencleng pikeun meulian buku jeung ngirimkeun ka desa2 di jabar nu sadia dititipan buku. dibantu ku urang kusnet nu neangan tempatna oge nganteurkeun bukuna. ---------------------------- Program anyar Beasiswa Simpay Katresna : Program Anak/Adi Asuh usul ti Apih Sidik, urang ngalegaan hanca. ngayakeun program anak/adik asuh. nu kungsi dilakonan teh BSK, beasiswa simpay katresna, pangmayarken spp pikeun barudak SD satauneun. aya 40an murid di opat SD di ciamis nu nampi. dieureunkeun sabab spp SD diharatiskeun ku pamarentah. program ieu bisa ku urang diteruskeun. rupana nya beasiswa oge, make pola anak/adik asuh. sabaraha sabulana, jeung kumaha cara ngirimna, mangga usul. dana yp aya 7jutaan. dua-tilu juta pikeun program adik/anak asuh, 5-4 juta disesakeun pikeun pabukon. ka sing saha nu di lembur, atawa nu bisa milari info ka lembur, cing pangmilariankeun anak yatim nu sakola SD di desa. urang pasihan beasiswa, lain pikeun pangmayarkeun spp da haratis tea, tapi nya mantuan pangabutuh sapopoe. mun saurang Rp 50 rebu/bulan, sataun Rp.600.000, 4-an x 600.000, sataun Rp 2.400.000.- 5-an x 600.000, sataun Rp.3.000.000.- mun tiasa mah aya urang kusnet nu kersa ngurus widang BSK, beasiswa simpay katresna. nya seksi ingkigna. tapi saheulaan danana can gede, jadi ngan karek bisa ka opatan/limaan, mun make itungan di luhur. mangga we balap, asgar, urang sumedang, urang tasik, urang ciamis, urang subang/sumedang, cianjur, kuningan, majalengka, jrrd, milari 4-5 anak yatim di lembur. data lengkepna, fotona, jeung cara ngirim dana, jsb. kumaha mun make sarat kieu (karek usul): teu meunang aya hubungan pancakaki jeung urang kusnet. mun masih keneh dulur mah atuh, bantu we ku salira! siga dina iklan promo tea, program ini tidak berlaku untuk anak dan keluarga dekat anggota kusnet dan biro iklannya. sakitu heula mj http://geocities.com/mangjamal

