Haturan kang Purnama...,
nu ngarana lalaki jeung awewe nu lain muhrim diharamkeun ngalakukeun lampah
anu dilarang ku agama, supama bae ciuman, nyekel pinareup dina dada, peting
jeung sajabana nu kuduna hal nu kitu mah dilakukeun kunu geus jadi pasangan
hirup nu sah ka iket ku tali pernikahan (salaki jeung pamajikan).
atuh dina emprona loba barudak ngora ayeuna ngalakukein hal anu kitu, eta
teh kabawa ku pergaulan bebas alias nurutan budaya barat, da budaya urang
mah (khususna US) hal nu kitu teh dipantang pisan sabab hal nu kitu deukeut
kana pang usap setan nu akhirna bisa mawa cilaka ka dirina sorangan.
Omat..., prinsip kang Purnama salila ieu  kudu dipertahankeun ulah nepikeun
ka goda ku hal-hal anu matak nyilakakeun diri sorangan, ulah aya anggapan
ayeuna keur saha  engke keur saha sok sanajan geus apsti eta awewe
pamajikaneun urang. Insya Allah lamun urang geus sah mah sabatae rek
dikumaha bae oge asal ulah incah tina aturan agama jeung darigama.

cag...ah, punten bilih aya nu teu sapagodos mugia aya manfaatna, nuhun.

"kkbm'69"



On 1/11/07, shaqses purnama <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamualaikum ka sadayana....

Pribados sakedap deui bade pangantenan sareng hiji istri org bdg, namung
abi masih aya ganjelan anu matak ngabingungkeun manah. Masalahna kuring
(lalaki paling naip keur wanci kieu) jujur bae salami bobogohan sareng anu
ieu atanapi sareng nu kapengker teu pernah ciuman atanapi langkung ti kitu,
ayeuna kuring ngarasa klick sareng hiji istri cuma kuring masih kurang sreg
sareng masa lalu na anu terlalu gampangan ciuman sareng para mantana mungkin
hal ieu sepele bagi sabagian org tapi henteu bagi pribados, anu jadi
patarosan kanggo sadayana....dugi ka palih mana batasan gaya bobogohan
wanci ayeuna ? saur urang sunda sadayana Naha ciuman, pegang dada atanapi
peting itu masih kalebet wajar ?

Hatur nuhun sateuacana

Anu nuju bingung




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com



Kirim email ke