Kamus anu mana deui ieu teh? Sigana mah anu ti Sastra Unpad nya? Kantos
mendak di toko buku...

Hebring atuh, satutasna 'pakeum', dina sakalina usum teh ting borojol
sababaraha kamus. Misalna bae, anu kuring apal...

- Kamus Sunda Kang Opang (tos aya di toko2 teu acan nya?)
- Kamus Sunda dina basa Inggris R. Harjadibrata
- Kamus Sunda Sacadibrata
- Kamus Sunda ti Sastra Unpad
- Kamus Sunda Danadibrata (ampir brol cenah, tos bukaan 9)

Ditambahan ku nu geus samemehna aya, kurang leuwihna mah geus aya sapuluhan
tah kamus Sunda teh... Jadi ayeuna mah euweuh alesan deui euweuh kamus atawa
naon. Mangga sok geura paleser, kanggo ngalengkepan kabeungharan basa Sunda
urang....

On 1/15/07, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Tadi beurang, kuring narima ondangan ti Rektor UNPAD dina raraga Medalna
Kamus Basa Sunda (poho deui nu nyusuna saha), kemis 18 januari di Aula
Sanusi Hardjadinata, Dipati Ukur 35.
Asa aneh oge, naha kuring diondang?, da kuring mah asa euweuh urusan jeung
Kamus Basa Sunda, hehehe....Rumasa teu ngilu ulubiung urusan basa Sunda
atawa budaya Sunda.
Tapi rek dongkap, da panasaran. Cenah Ua Sas sareng MJ bade sumping.










--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wiktionary.com

Kirim email ke