Kamus ieu teh kamus kenging Danadibrata, nu ngarang buku Onom Jeung Rawalakbok 
( Pustaka Jaya).
Ieu Kamus kenging anjeuna kempal kempil nyusun  basa Sunda salami 40 taun, 
kabayangkeun ngadamel kamus dina jaman taun 50an tangtos teu acan aya komputer 
janten nysusunna nganggo sistem kartu, teras diserat dina buku tulis dugi ka 10 
buku ukuran folio kandel, kuring ge kantos ngiluan bade ngiring nyalin tina 
tulisan tangan kana komputer tapi taak lantaran seratanana alit sareng teu pati 
eces, jadi kedah nganggo kaca pembesar (suryakanta), kuring teu sanggup, malum 
panon tos bolor. Dipidamel ku Panitia gawe bareng antawis ti Unpad sareng ti 
Kiblat.
Entry-na kawilang lengkep kumargi dugi ka kirang langkung 40.000 entri. 
Pangaosna (hawar hawar) 275.000, kuring kantos ningal dummy-na teras nyobian 
milari kecap hulun, gorehel teh aya, hulun hartosna rahayat, jalma biasa (lain 
gegeden).
Janten kaetang lengkep sareng rada ensiklopedis, sae dikoleksi kanggo 
ngeuyeuban kamus basa Sunda nu tos aya.
Insya Alloh bade hadir kana uleman ieu gelar pustaka (launching) sigana bade 
sareng MJ da sami-sami kenging uleman.

MSas


  ----- Original Message ----- 
  From: kumincir 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, January 15, 2007 10:41 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Ondangan Medal Kamus Basa Sunda


  Kamus anu mana deui ieu teh? Sigana mah anu ti Sastra Unpad nya? Kantos 
mendak di toko buku...

  Hebring atuh, satutasna 'pakeum', dina sakalina usum teh ting borojol 
sababaraha kamus. Misalna bae, anu kuring apal...

  - Kamus Sunda Kang Opang (tos aya di toko2 teu acan nya?)
  - Kamus Sunda dina basa Inggris R. Harjadibrata
  - Kamus Sunda Sacadibrata
  - Kamus Sunda ti Sastra Unpad
  - Kamus Sunda Danadibrata (ampir brol cenah, tos bukaan 9)

  Ditambahan ku nu geus samemehna aya, kurang leuwihna mah geus aya sapuluhan 
tah kamus Sunda teh... Jadi ayeuna mah euweuh alesan deui euweuh kamus atawa 
naon. Mangga sok geura paleser, kanggo ngalengkepan kabeungharan basa Sunda 
urang....


  On 1/15/07, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    Tadi beurang, kuring narima ondangan ti Rektor UNPAD dina raraga Medalna 
Kamus Basa Sunda (poho deui nu nyusuna saha), kemis 18 januari di Aula Sanusi 
Hardjadinata, Dipati Ukur 35.
    Asa aneh oge, naha kuring diondang?, da kuring mah asa euweuh urusan jeung 
Kamus Basa Sunda, hehehe....Rumasa teu ngilu ulubiung urusan basa Sunda atawa 
budaya Sunda. 
    Tapi rek dongkap, da panasaran. Cenah Ua Sas sareng MJ bade sumping.


Kirim email ke