Upami teu lepat ngupingkeun, tadi dina obrolan sareng abah Surya, kamus anu
bade dipedalkeun teh kamus yasana Danadibrata. Saurna deui, ieu kamus
disiapkeun rada lami, kawilang kandel sareng lengkep 'entry'-na. Urang
antosan wae laporanana ti anu kaparengkeun ngaluuhan eta acara. Wiujeng.

manAR


On 1/15/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Kamus anu mana deui ieu teh? Sigana mah anu ti Sastra Unpad nya? Kantos
mendak di toko buku...

Hebring atuh, satutasna 'pakeum', dina sakalina usum teh ting borojol
sababaraha kamus. Misalna bae, anu kuring apal...

- Kamus Sunda Kang Opang (tos aya di toko2 teu acan nya?)
- Kamus Sunda dina basa Inggris R. Harjadibrata
- Kamus Sunda Sacadibrata
- Kamus Sunda ti Sastra Unpad
- Kamus Sunda Danadibrata (ampir brol cenah, tos bukaan 9)

Ditambahan ku nu geus samemehna aya, kurang leuwihna mah geus aya
sapuluhan tah kamus Sunda teh... Jadi ayeuna mah euweuh alesan deui euweuh
kamus atawa naon. Mangga sok geura paleser, kanggo ngalengkepan kabeungharan
basa Sunda urang....

On 1/15/07, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Tadi beurang, kuring narima ondangan ti Rektor UNPAD dina raraga
> Medalna Kamus Basa Sunda (poho deui nu nyusuna saha), kemis 18 januari di
> Aula Sanusi Hardjadinata, Dipati Ukur 35.
> Asa aneh oge, naha kuring diondang?, da kuring mah asa euweuh urusan
> jeung Kamus Basa Sunda, hehehe....Rumasa teu ngilu ulubiung urusan basa
> Sunda atawa budaya Sunda.
> Tapi rek dongkap, da panasaran. Cenah Ua Sas sareng MJ bade sumping.
>










--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wiktionary.com



Kirim email ke