Pangalaman kuring mah
Cai teh pas mimiti ngocormah herang
tapi lamun geus disimpen we sapeuting bleg we jadi
koneeeeeennnngggg (supaya anteb)
make saringan anu model Kang Ono kitu pernah dicoba
ngan teu nyugemakeun
najan ngurangan tetep rada koneng
jeung kudu nguras saminggu sakali (da dedekna loba pisan)

akhirna make tawas
jadi herang rang rang rang
jeung cai jadi karasa leuwih tiis
ngan oge kudu nampung terus mere tawas unggal poe
tapi nguras bisa rada anggang waktuna (2 minggu atawa 3 minggu)
leuwih cape tapi hasil leuwih herang

meungpeung aya nu leuwih pangalaman yeuh
aya tehnik lain deui teu ngaherangkeun cai teh ?


On 1/17/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Tipeureu...?!
Tipeureu teh naon nya Kang...?!
Senyawa beusi oksida nu kumalayang dina cai warnana koneng
sanes...?!Meureun ketang...



Baktos,
OTA
*** Era aing mah sok sanajan urang sunda tapi rea kecap sunda nu teu apal
heuheu...



Lamun cai na loba tipeureu-an, disaring make ieu alus teu nya kang?

On 1/17/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> <[EMAIL PROTECTED]
* <[EMAIL PROTECTED]>> wrote:


Ngahaja dina gambar mah ku kuring teu ditingalikeun posisi areng batok
kalapa disimpenna di palih mana heuheuheu...meh panasaran we...
Dibandingkeun jeung keusik, koral, oge injuk, jumlah areng batok kalapa nu
dianggo leuwih saeutik. Da fungsina pikeun nyerep warna jeung bau ieuh, jadi
saeutik weh. Tapi, mun rek seueur oge teu nanaon, eta leuwih alus,
meureun...Kulantaran saeutik eta, ku kuring ngahaja teu digambarkeun.

Sabenerna mah, urutan tumpukan keusik, koral, injuk oge areng batok kalapa
bisa we dimodifikasi, sakasuka urang sorangan. Kalayan ngilo sababaraha
"pertimbangan teknis". Nu aya dina gambar kiriman kuring, eta mah husus
pikeun saringan keusik nu aya di sasaungan kuring. Bener aya nu kaliwat
kagambarkeun. Pangluhurna ditambahan deui ku tumpukan injuk supaya keusik
teu muncrat kamana mendi lantaran "gorojog"-na cai tina kompa.

Ari areng batok kalapa mah, mendingan disimpen luhureun keusik atawa
dicampur oge sareng keusik teu nanaon. Ngan tong disimpeun handapan keusik,
komo handapeun koral mah, bisi arengna bubuk.

Kitu meureun...susuganan mangpaat...



Baktos,
OTA
*** Ngahaja deui ku kuring teu digambarkeun sakumaha kabutuhan keusik,
koral, injuk katut areng. Oge teu digambarkeun sakumaha luhurna eta
mangkeluk (keusik jsb.) dina toren. Heuheuheu...




--
-firman raharja-

Kirim email ke