waluya56 [EMAIL PROTECTED]          Kuring kakara balik ti Semarang, meunang 
tilu poe diditu. Ka 
Semarangna kuring nyewa mobil rental kumplit jeung supirna ti 
Bandung, mobilna merekna "awewe" (Suzuki APV ...hehehehe). Ti 
Bandung indit poe minggu isuk-isuk, jam salapanan. Kakara ge tepi 
ka Kadipaten, supir, Pa Timan, nyupirna rengkag-rengkog, terus mobil 
siga kalayang-koloyong. Gancangan ku kuring dititah eureun heula. 
Ditanya kunaon nyupir jiga kitu, sihoreng teh peutingna memeh indit 
jeung kuring, manehna kakara balik jam 3 Subuh ti Jakarta, atuh jadi 
tunduh. Kadieukeun cekeng teh, kuring we nu nyupir, Pa Timan mah 
pindah we ka jok tukang, sare. Tapi kuring oge acan kungsi 
nyupiran "awewe", rada rengkag-rengkog, rek diuk ditukangeun setir 
teh. Nempo kitu, budak kuring nu kabeneran ngilu, pedah keur libur, 
nawaran: "Keun we ku Aa, Aa kantos nyupiran APV nu rerencangan".

"Heueuh, pek tah ku maneh", ceuk kuring teh. Nya disupiran ku budak 
kuring. Ti Kadipaten terus tepi ka kaluar jalan tol Kanci mah teu 
aya masalah, budak teh anteng we nyupiran. Ngan sanggeus di jalan 
pantura, mimiti manehna bingung lamun rek nyusul, sabab treuk jeung 
beus, sanajan leumpangna kendor, tetep we di katuhu wae, embungeun 
ka kenca. Budak kuring hayang nyusul hese. Ku kuring dibejaan, susul 
we ti beulah kenca. Budak teh kalahka nyereng: " Teu meunang Pah, 
ari nyusul kudu ti katuhu, itu treuk jeung beus nu kuduna leumpang 
di beulah kenca!"

"Heueuh, bapa ge nyaho, ngan da urang mah lain pulisi, moal bisa 
nyarek supir treuk. Supir treuk jeung beus di Pantura mah biasa, sok 
di katuhu wae. Nu nyusul kudu ti kenca ......hayoh susul tah treuk 
tronton ....ati-ati bisi aya beca disisi jalan!", ceuk kuring teh 
ka budak. 

Budak teh nurut, mobil dikakencakeun, sebrut treuk gede teh disusul. 
Geus dimimitian sakali mah, budak teh jadi wanian, sebrut-sebrut weh 
nyusul treuk jeung beus ti beulah kenca. Ngan kuring jadi "tegang" 
molotot nempokeun jalan, jeung mere nyaho ka budak, di sisi jalan 
kosong henteu. Budak nyupiran tepi ka Pekalongan, tidinya diganti 
deui ku Pa Timan. Kuring pindah deui ka jok tukang, awak karasa 
lungse jeung cape alahbatan nyupir ku sorangan, meureun bakating ku 
stress, salila ampir opat jam ngilu molototan jalan.

Sabenerna aturan lalu lintas di nagara urang, kendaraan nu 
leumpangna kendor kedah nyandak jalur pangkencana, jalur katuhu ukur 
keur nyusul. Tapi "etika" ieu, sigana geus dipopohokeun atawa 
dibalikkeun: Nu kendor jeung badag malah di katuhu, nu nyusul kudu 
ti beulah kenca. Duka saha nu "ngarobah" aturan ieu teh, nu jelas 
kabiasaan "ngatuhu" wae teh, umumna di jalan Pantura. Ceuk beja mah, 
kabiasaan ieu teh, kulantaran di jalan pantura mah, loba karamean, 
pangpangna pasar, anu tumplek ka jalan. Akibatna supir treuk atawa 
beus, lamun di kenca, bakal sering nincak rem, da kagok ku beca, 
motor, delman jeung jelema. Jadi supir-supir mobil badag ieu, 
nyandak mobilna ka katuhu. Tungtungna jadi kabisaan, terus we di 
katuhu ....

Cik ka baraya nu di LN, siga di lembur henteu, mobil badag tur 
kendor ngatuhu*) wae?

*)Keur sistim lalu lintas "sosialis" alias "ngenca" ...hehehe 

Baktos,
WALUYA



         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke