Upami di Korea mah, kumargi aturan jalanna sawangsulna ti Indonesia, janten
  jalan palih katuhu (stir palih kenca).
  Aturanana ; upami dijalan anu dua jalur saarahna (jalan toll atanapi jalan 
biasa)
  kandaraan ageung (beus/treuk) kedah jalan dina jalur pangsisina.
  Upami dijalan anu tilu jalur saarahna (jalan toll atanapi jalan biasa), 
kendaraan ageung
  (beus/treuk) kedah dijalur pangsisina, tiasa ka jalur nomer 2, upami bade 
nyiap atanapi
  aya halangan (mobil eureun).
  Upami dijalan anu opat jalur saarahna (jalan toll atanapi jalan biasa), 
kendarana ageung
  (beus/treuk) mung tiasa jalan dijalur pangsisina sareng nomer dua.
  Sawangsulna mobil-mobil biasa tiasa kasadaya jalur, aya iwalna dijalan toll 
Seoul-Pusan
  (jalan toll pangpanjangna di Korea kirang langkung 480 kman), dina dinten 
Saptu tabuh 21.00 dugika dinten Minggu tabuh 21.00 jalur pangtengahna 
(diguratan warna biru) khusus
  kanggo jalur beus express sareng mobil Van (12 panumpang kaluhur) namung 
muatanana
  minimal kedah satengah tina kapasitas eta van, diluar eta mah tangtos 
ditilang, anu nilangna sanes pulisi namung kamera, terang-terang sumping we 
tagihan ti kantor distrik
  ka bumi, dina eta tagihan disebatkeun, lokasi, dinten, jam ngalanggar, 
ageungna denda, hukum lalulintas nomer sabaraha anu dilanggar, sareng foto plat 
nomer mobil urang.
   
  Pihatur
  ssw
  

waluya56 [EMAIL PROTECTED] 
          Kuring kakara balik ti Semarang, meunang tilu poe diditu. Ka 
Semarangna kuring nyewa mobil rental kumplit jeung supirna ti 
Bandung, mobilna merekna "awewe" (Suzuki APV ...hehehehe). Ti 
Bandung indit poe minggu isuk-isuk, jam salapanan. Kakara ge tepi 
ka Kadipaten, supir, Pa Timan, nyupirna rengkag-rengkog, terus mobil 
siga kalayang-koloyong. Gancangan ku kuring dititah eureun heula. 
Ditanya kunaon nyupir jiga kitu, sihoreng teh peutingna memeh indit 
jeung kuring, manehna kakara balik jam 3 Subuh ti Jakarta, atuh jadi 
tunduh. Kadieukeun cekeng teh, kuring we nu nyupir, Pa Timan mah 
pindah we ka jok tukang, sare. Tapi kuring oge acan kungsi 
nyupiran "awewe", rada rengkag-rengkog, rek diuk ditukangeun setir 
teh. Nempo kitu, budak kuring nu kabeneran ngilu, pedah keur libur, 
nawaran: "Keun we ku Aa, Aa kantos nyupiran APV nu rerencangan".

"Heueuh, pek tah ku maneh", ceuk kuring teh. Nya disupiran ku budak 
kuring. Ti Kadipaten terus tepi ka kaluar jalan tol Kanci mah teu 
aya masalah, budak teh anteng we nyupiran. Ngan sanggeus di jalan 
pantura, mimiti manehna bingung lamun rek nyusul, sabab treuk jeung 
beus, sanajan leumpangna kendor, tetep we di katuhu wae, embungeun 
ka kenca. Budak kuring hayang nyusul hese. Ku kuring dibejaan, susul 
we ti beulah kenca. Budak teh kalahka nyereng: " Teu meunang Pah, 
ari nyusul kudu ti katuhu, itu treuk jeung beus nu kuduna leumpang 
di beulah kenca!"

"Heueuh, bapa ge nyaho, ngan da urang mah lain pulisi, moal bisa 
nyarek supir treuk. Supir treuk jeung beus di Pantura mah biasa, sok 
di katuhu wae. Nu nyusul kudu ti kenca ......hayoh susul tah treuk 
tronton ....ati-ati bisi aya beca disisi jalan!", ceuk kuring teh 
ka budak. 

Budak teh nurut, mobil dikakencakeun, sebrut treuk gede teh disusul. 
Geus dimimitian sakali mah, budak teh jadi wanian, sebrut-sebrut weh 
nyusul treuk jeung beus ti beulah kenca. Ngan kuring jadi "tegang" 
molotot nempokeun jalan, jeung mere nyaho ka budak, di sisi jalan 
kosong henteu. Budak nyupiran tepi ka Pekalongan, tidinya diganti 
deui ku Pa Timan. Kuring pindah deui ka jok tukang, awak karasa 
lungse jeung cape alahbatan nyupir ku sorangan, meureun bakating ku 
stress, salila ampir opat jam ngilu molototan jalan.

Sabenerna aturan lalu lintas di nagara urang, kendaraan nu 
leumpangna kendor kedah nyandak jalur pangkencana, jalur katuhu ukur 
keur nyusul. Tapi "etika" ieu, sigana geus dipopohokeun atawa 
dibalikkeun: Nu kendor jeung badag malah di katuhu, nu nyusul kudu 
ti beulah kenca. Duka saha nu "ngarobah" aturan ieu teh, nu jelas 
kabiasaan "ngatuhu" wae teh, umumna di jalan Pantura. Ceuk beja mah, 
kabiasaan ieu teh, kulantaran di jalan pantura mah, loba karamean, 
pangpangna pasar, anu tumplek ka jalan. Akibatna supir treuk atawa 
beus, lamun di kenca, bakal sering nincak rem, da kagok ku beca, 
motor, delman jeung jelema. Jadi supir-supir mobil badag ieu, 
nyandak mobilna ka katuhu. Tungtungna jadi kabisaan, terus we di 
katuhu ....

Cik ka baraya nu di LN, siga di lembur henteu, mobil badag tur 
kendor ngatuhu*) wae?

*)Keur sistim lalu lintas "sosialis" alias "ngenca" ...hehehe 

Baktos,
WALUYA



      Recent Activity
    
      11
  New Members
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
      Give Back
  Yahoo! for Good
  Get inspired
  by a good cause.

    Y! Toolbar
  Get it Free!
  easy 1-click access
  to your groups.

    Yahoo! Groups
  Start a group
  in 3 easy steps.
  Connect with others.



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke