Geus teu aneh deui meureun nya !

Ah ieu mah rek nyaritakeun pangalan kuring we, harita
tanggal 21 Januari 2007 mulang ti Singapur. Dilawang
imigrasi Cengkareng rek ngecap paspor asup ka
Indonesia. Pagawe Imigrasi nu arana Firdaus nanya: 

Firdaus : Darimana pak ?  
Kuring  : Dari Singapur Pak ! 
Firdaus : Berapa lama di Singapur ?
Kuring  : Perjalan 10 hari,di Singapurnya cuma 2 hari
!
Firdaus : Buat saya mana ?
Kuring  : Apa Pak ?
Firdaus : Apa aja !
Kuring  : Tidak ada Pak !

Ku kuring disebutkeun euweuh teh, manehna ulak-ilik
kana buku pasport, neangan alesan mereun.

Firdaus : Ini bapak statusnya masih kerja,cap berhenti
kerjanya mana ?

Kuring  : Wah, tidak tau pak ! Itu kan ada cap keluar
dari imigrasi Singapur, saya masuk Singapur lewat
laut. Jadi kalau mau di cap berhenti / selesai
berkerja harus masuk dari Tanjung Priuk dong ?

Firdaus : Tidak bisa Pak, ini harus ada cap berhenti
bekerja.Tapi saya bisa ngebantu Bapak !

Ceplook...pasport dicap kumanehna.

Firdaus : Ini pak paspornya saya bantu !

Rada satengah keuheul, dicokot pasport teh, kuring teu
nyebut nuhun-nuhun acan ! Leos we ngingkig.

Para wargi, anu sering pulang anting ka luar nagri
kungsi ngalan kitu ?

Apih Siddik, Kang Bohay, Kang Hasan sareng nu lianna
kungsi ngalaman ?

Elmu tungtut dunya siar, 
  hade turut goreng singlar, 
  mun korupsi burut siah..!!! 
   
   



                
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke