Kahiji, Gula kawung langkung teuas sareng tahan beye tibatan gula kalapa...?!
Ieu pakait sareng kandungan cai (H2O) nu nyesa dina cilahang (maksad teh air nira) waktos bade dicitak. Biasana, gula kawung mah kandungan cai sesana teh dugi kirang ti 6%. Waktos bade ngadamel gula beureum, eta cilahang dipanaskeun dugika kentel tur robih warna janten beureum semu coklat. Tangtos lantaran dipanaskeun eta, cai (H2O) nu pacampur sareng cilahang (glukosa) janten "menguap = vaporize". Langkung seueur cai (H2O) nu "menguap", gula beureum nu dicitak janten langkung teuas tur tahan beye. Kajabi ti eta, pami teu lepat mah, patani gula kawung biasa nambihan bahan aditif sanes kanggo "ngabeungkeut" cai (H2O) nu aya dina cilahang. Supados kandungan cai dina cilahang leres-leres nyesana sakedik...Eta bahan aditif "bereaksi" sareng cai (H2O) teras ngambang dina cilahang nu tos bade kentel. Kantun disaring weh... Kadua, gula kawung langkung amis tibatan gula kalapa...?! Ieu mah pakait sareng kandungan glukosa nu aya dina cilahang. Jigana, glukosa dina cilahang kawung langkung seueur tibatan dina cilahang kalapa. Kitu panginten. Ieu mah nyanyahoannan weee.... Baktos, OTA Sim abdi moal mairan perkawis beas bodas anu ngandung bahan kimia, margi teu terang awalna, ieu mah bade mairan perkawis "gula beureum" na. Jaman taun 50~60 dipasisian tatar Sunda, anu namina gula bodas atanapi gula pasir, kasebat masih disebat barang langka, janten kanggo nga-amisan katuangan teh taya sanes gula beureum, geura bae tina pasakan deungeun sangu, katuangan sapertos kolek, cendol, bubur lemu, cingcaw, jala (jalabria), bugis, dodongkar, papais beureum sareng sajabina dugika tuang bubuy sampeu anu dicocolkeun kana kurudan gula beureum oge ngaleueut kopi, amisna ku gula beureum..., jaman harita tetela gula beureum teh "serba guna" pisan kanggo kahirupan dipasisian. Namung upami diperhatoskeun, tetela gula beureum teh aya dua rupi, anu hiji (anu di maksad ku sim abdi diluhur), nyaeta gula beureum anu didamel tina lahang kawung,< /div> anu kaduana nya eta gula beureum anu didamel tina (lahang) kalapa, anu sok dilandih gula Jawa. Kanggo ngabentenkeunana urang sebat bae gula kawung sareng gula kalapa. Pangemut sim abdi aya sababaraha bentenna antawis gula kawung sareng gula kalapa, diantawisna ; gula kawung langkung teuas batan gula kalapa gula kawung langkung tahan beye upami katiisan batan gula kalapa gula kawung langkung amis batan gula kalapa gula kawung ngagaduhan seungit batan gula kalapa... Leres henteu nya....?? Cing anu uninga naon bentenna kandungan gula kawung sareng gula kalapa..? Hatur nuhun ssw _

