Seja madungdengkeun gula beureum tina jihat bisnisna. Kieu dongengna:

Ayeuna-ayeuna ieu aya babaturan anu perlueun supply (ngasupkeun) gula
beureum (asal kalapa) keur kaperluan pabrik. Lumayan cenah kaperluanana teh
nepi ka 15 ton/minggu. Ngan nyakitu, hargana teu asup. Si pabrik teh ngan
wani narima/meuli Rp 5.000/kg fob. Sedengkeun di lokasi-lokasi sumber gula
beureum harga teh paling murah Rp 5.200/kg da bubuhan ti bandar. Cekeng teh:
"Atuh neangan wae langsung ka penduduk?"  "Wah beurat mang, da bisnis gula
beureum mah geus dikawasa ku bandar", walon babaturan.

Tah, info ti babaturan teh, anu asalna ti Tasik, tadi dikuatkeun deui ku
sobat anu asalna jeung rada apal wewengkon Cianjur kidul. Sobat anu kasebut
di akhir bieu oge kungsi ancrub dina bisnis gula. 'Enya mang, di daerah nu
ngahasilkeun gula, urang moal bisa mubus kakawasaan bandar, da puguh sistem
ijon tea anu berlaku", ceuk sobat nu ti Cianjur. "Eta wae kuring kungsi
ancrub ka penduduk neangan harga anu leuwih murah ti bandar, ih da teu
ongget-ongget rahayat teh, tetep dina harga anu sarua jeung harga
bandar", ceuk inyana neruskeun.

(Sadaya obrolan di luhur lumangsung ngaliwatan chatting (YM, nuhun eung nu
nyieun YM, internet, komputer, kabel, jst)).

Geuningan kitu nya kaayaan patani gula di pasisian teh, estuning hirupna
(usahana) aya dina leungeun bandar. Ceuk bandar saanu, nya saanu ngajual
produksi teh. Karunya temenan.

Baraya,

Manawi aya bongbolongan, mangga diantos. Boh bongbolongan usaha keur
narekahan ngudar sistem ijon anu meulit patani urang di pasisian, atawa keur
nyambungkeun bisnis ki sobat. Sugan wae nyararambung :).

baktos,
manAR





On 1/25/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Tahhh..geuning aya ahlina.....hatur nuhun..... !!

ssw


[EMAIL PROTECTED]

 Kahiji, Gula kawung langkung teuas sareng tahan beye tibatan gula
kalapa...?!
Ieu pakait sareng kandungan cai (H2O) nu nyesa dina cilahang (maksad teh
air nira) waktos bade dicitak. Biasana, gula kawung mah kandungan cai sesana
teh dugi kirang ti 6%.

Waktos bade ngadamel gula beureum, eta cilahang dipanaskeun dugika kentel
tur robih warna janten beureum semu coklat. Tangtos lantaran dipanaskeun
eta, cai (H2O) nu pacampur sareng cilahang (glukosa) janten "menguap =
vaporize". Langkung seueur cai (H2O) nu "menguap", gula beureum nu dicitak
janten langkung teuas tur tahan beye.

Kajabi ti eta, pami teu lepat mah, patani gula kawung biasa nambihan bahan
aditif sanes kanggo "ngabeungkeut" cai (H2O) nu aya dina cilahang. Supados
kandungan cai dina cilahang leres-leres nyesana sakedik...Eta bahan aditif
"bereaksi" sareng cai (H2O) teras ngambang dina cilahang nu tos bade kentel.
Kantun disaring weh...

Kadua, gula kawung langkung amis tibatan gula kalapa...?!
Ieu mah pakait sareng kandungan glukosa nu aya dina cilahang. Jigana,
glukosa dina cilahang kawung langkung seueur tibatan dina cilahang kalapa.

Kitu panginten. Ieu mah nyanyahoannan weee....

Baktos,
OTA
.




http://cikundul3.multiply.com
*Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
*Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*



Kirim email ke