Kecap aria (atawa arya) datang lain te wetan tapi ti kulon (ti Indo-Eropa:
India, Persia/Iran, Eropa). Arya nurutkeun kitab Weda (anu ditulis dina basa
sansakerta) boga harti unggul, boga ajen, terhormat, atawa bangsawan. Para ahli
bahasa Eropa dina abad 19, mutuskeun yen kecap aria kamungkinan digunakeun
sabage ngaran bangsa Indo Eropa saacana maranehannana mencar jadi sababaraha
bangsa anu ngagunakeun bahasa anu beda-beda.
Dina abad 20, Nazi ngagunakeun kecap aria pikeun nyebut ras Eropa ti Jerman
ka kulon jeung ka kaler, anu lain turunan Yahudi.
Lamun ngadengekeun carita wayangna pa Asep Sunandar Sunarya, kecap aria
digunakeun ku anjeunna pikeun gelar bangsawan handapeun raja anu henteu boga
daerah kakawasaan, nyaeta patih. Contona Aria Sangkuni atawa Patih Sangkuni.
Kecap adipati dipake kua pa Asep Sunandar Sunarya pikeun gelar bangsawan anu
boga hiji daerah kakawasaan, contona Adipati Karna.
Kecap adipati digunakeun oge pikeun nyebut pangawasa tatar Ukur (ngaran
Bandung baheula?) anu aya dihandapeun pamarentahan ratu Walanda, nyaeta Adipati
Ukur. Ayeuna ngaranna dipake ngaran jalan di hareupeun Unpad.
Jadi kasimpulanna, aria the kecap anu boga harti alus jeung dikaitkeun kana
strata sosial di sababraha nagara Indo-Eropa.
Salam ti Cibubur - Jakarta,
Asep
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: aria sok aya oge nu nyebut
harya... meureun asalna mah enya ti wetan. ngan jadi bingung lamun napel ka
ngaran banga. gara-gara googling eta oge, da ukur eta sumber tatanya nu aya di
hareupeun. aya nu nyaruakeun antara hariang banga jeung aria banga. bener kitu?
aria teh sarua jeung hariang.
dh
On 1/26/07, hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leres pisan
nu didugikeun ku Bah Willy. Raden, Aria, Adipati jeung Pangeran memang gelar
pikeun Bupati atawa sok sering disebut oge Dalem. Gelar pangpunjulna nyaeta
Pangeran, sedengkeun Raden, gelar Bupati panghandapna. Aria jeung Adipati aya
ditengah-tengahna. Gelar-gelar ieu diistrenkeun ku Walanda (pamarentah
kolonial mangsa harita) gumantung kana prestasi sang Bupati sewang-sewang.
Prestasi di dieu tangtu wae sagala rupa nu ngajadikeun kauntungan pikeun
Walanda.
Kecap Aria (Arya) teu tiasa disebut kecap pituin sunda, jigana mah kecap ieu
impor ti wetan (jawa), tos aya ti samemeh karajaan Mataram Islam, contona aya
tokoh nu ngaranna Aryo Penangsang.
Di wetan mah gelar Aryo masih keneh dianggo, saperti di lingkungan Keraton
Solo, mung kecap aryo tos robih jadi Haryo. Bangsawan Solo seueur nu kagungan
gelar KGPH kacindekan ti Kanjeng Gusti Pangeran Haryo
Baktos,
pun hendra
___
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.