Rada ngahuleng oge .... saatos ngilo eta postingan ..... naha masak gagang 
kangkung
  teu dibeulahan kitu.....?, pan gagang kangkung mah sabuku-buku siga ruas awi,
  timana lebetna eta lentah.....?
  Kantos oge nguping waktos alit perkawis "lentah" teh, namung sanes baranahan, 
namung ngaageungan.
  Cariosna kieu : Kapungkur dikampung kantos nguping wartos tisepuh-sepuh, yen 
dikampung anu aya hiji istri disangki ngandung, namung eta istri anu ngandung 
teh siga
  jalmi kirang sehat, sepa siga teu aya/kirang getih, diparios ku paraji, saur 
paraji nuju kakandungan sakitu sasih, namung tos kalangkung waktosna 
ngalahirkeun, teu ngalahirkeun-ngalahirkeun wae, tambih-tambih eta anu 
kakandungan warugana tambih begung wae, akhirna kukulawargina dicandak kakota, 
diparios dirumah sakit.
  Sihoreng simana horeng, eta istri sanes kakandungan, namung dina rahimna aya 
lentah...
  saur dokter eta lentah lebet tina (punten) larangan eta istri waktos ibak di 
wahangan,
  waktos lebetna mah eta lentah masih keneh alit, lami-lami janten ngagageungan.
  Waktos dikaluarkeun (dioperasi) parantos saageung beuncing panangan...wallahu 
alam..
  (ceuk abahna jang Bagja :"pasti lentahna, lentah jalu....!!)
  Anu kadua, ieu oge saur cenah : Aya budak angon mendakan lentah ngadaplok 
dina badan munding, kumargi tos nyedot getih munding, eta lentah tos 
ngabadagan, janten saageung
  indung suku budak, pangangguran eta lentah kubudak angon di dileupaskeun tina 
badan munding (gampil atuda, kantun nyiduhan we bangus lentahna, tangtos 
leupas...), teras
  eta lentah ku budak angon ditojos kurokrak awi kenging nyeukeutan, teras 
dipanteng
  eta badan lentah janten manjangan teras ditancebkeun weh dina tangkal cau.
  Saparantos sababaraha dinten, badan lentah garing janten sapertos tali tina 
kulit, liat..., pangangguran eta badan lentah garing teh ku budak angon didamel 
tali kolotok, dianggo ngolotokkan anak munding.
  Enjing-enjing teu aya masalah, masalahna saparantos wanci pecat sawed, 
saba'da ngawuluku disawah, munding-munding dileupaskeun, teras nyaratu jukut 
sisi sawah,
  seubeuh nyatu eta munding-munding sok garuyang dipanguyangan, kalebet eta 
anak munding anu dikolotokkan ku tali badan lentah garing tea.
  Naaa.. atuh kirang langkung sapanyeupahan, eta anak munding teh ngadadak 
gugulingan
  bari engos-engosan, diparios kunu gaduh munding, sihoreng-simana horeng eta 
anak munding teh kacekek ku tali kolotokkk...
  Duka teh teuing...
   
  ssw
   
  kumincir [EMAIL PROTECTED]
          Heheheh... saumur dumelah campur gaul jeung nu bareuki kangkung, asa 
can kungsi ngadenge kajadian model kitu...

Lentah moal paeh najan dipasak salila nanahaon oge? ah nu leres bae... Munding 
oge dipasak mah asak we... heuheu... 

Tina hiji baranahan jadi loba pisan? kawin jeung saha? piraku jeung cacing 
keremi mah...


      Recent Activity
    
      11
  New Members
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Yahoo! Photos
  Order at Yahoo!
  Pick up at Target

    Y! Messenger
  Instant hello
  Chat over IM with
  group members.

    Yahoo! Mail
  You're invited!
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke