Sakaterang abdi mah teu acan aya pami di Banten mah,
Pami akang kersa janten agen mangga pisan, eta nu dipikahoyong, he....he...

Pangaos di bogor dina edisi kahiji Rp. 50000

On 2/12/07, Jalak Banten <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

     ngiring bingah ka urang bogor anu tos ngaluarkeun majalah sunda tong
he love di guar oge urang sunda di wilayah banten. agen majalah "balebat" di
wilayah banten tos aya acan?
sabaraha pangaosna per edisi..?

nuhun
JB

*-------Original Message-------*

 *From:* [email protected]
*Date:* 02/10/07 12:01:58
*To:* Kusnet <[email protected]>
*Cc:* Kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]
*Subject:* [Urang Sunda] Majalah Sunda "Balebat"


Para wargi sadaya,

Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae di kantor,
kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade maparin majalah
Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina tasna. Leuh enya
wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen sakeudeung deui
baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta - Bogor,
majalah "Balebat" aranna.

Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu dumuk di Bogor
jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu ngurusna, sakumaha
dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. Asatari
(pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra M. Astari,
Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan redaksi), Bagus
Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun kahiji ieu malah
Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu judulna: "Kusnet:
Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae anu dijungjung
jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007.

Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu alamatna di Jl Raya
Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 kalawan tlpn-na:
0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek:
[EMAIL PROTECTED] <balebat%40balebat.zzn.com>. Anu ngarojong salaku
supporter pedalan kahiji
ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana nu Kang Eko
yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri Sundapura, RPC 95,3 FM
846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya Hanjuang Bodas,
sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya).

Baraya,

Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan leuwih ipis.
Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan gedena huruf
sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca munggaran nepi ka
panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): Lawang
Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), Mata Holang
("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster Ramatloka
Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas ("Awal Ayana
Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat Rohaedi), Carita
Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), Paribasa, Angkulung
Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), Pelesiran ("Curug
Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir Eurih"--wah mantab
eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale Paniisan
("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti model 4S), jeung
Cahaya Syiar.

---
Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana karya media
citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing saha bae warga
Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang seratna kanggo
"Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: Wilujeng ka
dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos ngalengkah dina
usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. Hatur nuhun ka
Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung ku jinisna.

baktos,
manAR




 <http://www.incredimail.com/index.asp?id=409&lang=9>



--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

GIF image

Kirim email ke