lima rebu tapi lima puluh rebu ?
kade tong seueur teuing enol-na

-dul-

--- In [email protected], "K7/P1" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sakaterang abdi mah teu acan aya pami di Banten mah,
> Pami akang kersa janten agen mangga pisan, eta nu dipikahoyong, 
he....he...
> 
> Pangaos di bogor dina edisi kahiji Rp. 50000
> 
> On 2/12/07, Jalak Banten <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >      ngiring bingah ka urang bogor anu tos ngaluarkeun majalah 
sunda tong
> > he love di guar oge urang sunda di wilayah banten. agen 
majalah "balebat" di
> > wilayah banten tos aya acan?
> > sabaraha pangaosna per edisi..?
> >
> > nuhun
> > JB
> >
> > *-------Original Message-------*
> >
> >  *From:* [email protected]
> > *Date:* 02/10/07 12:01:58
> > *To:* Kusnet <[email protected]>
> > *Cc:* Kisunda <[email protected]>; 
[EMAIL PROTECTED];
> > [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
> > [EMAIL PROTECTED]
> > *Subject:* [Urang Sunda] Majalah Sunda "Balebat"
> >
> >
> > Para wargi sadaya,
> >
> > Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae di 
kantor,
> > kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade maparin 
majalah
> > Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina tasna. Leuh 
enya
> > wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen 
sakeudeung deui
> > baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta - Bogor,
> > majalah "Balebat" aranna.
> >
> > Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu dumuk di 
Bogor
> > jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu ngurusna, 
sakumaha
> > dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. Asatari
> > (pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra M. 
Astari,
> > Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan redaksi), 
Bagus
> > Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun kahiji ieu 
malah
> > Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu 
judulna: "Kusnet:
> > Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae anu 
dijungjung
> > jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007.
> >
> > Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu alamatna di 
Jl Raya
> > Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 kalawan tlpn-
na:
> > 0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek:
> > [EMAIL PROTECTED] <balebat%40balebat.zzn.com>. Anu ngarojong salaku
> > supporter pedalan kahiji
> > ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana nu Kang 
Eko
> > yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri Sundapura, RPC 
95,3 FM
> > 846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya Hanjuang 
Bodas,
> > sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya).
> >
> > Baraya,
> >
> > Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan leuwih 
ipis.
> > Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan gedena 
huruf
> > sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca munggaran 
nepi ka
> > panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): Lawang
> > Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), Mata Holang
> > ("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster 
Ramatloka
> > Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas ("Awal Ayana
> > Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat Rohaedi), 
Carita
> > Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), Paribasa, 
Angkulung
> > Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), Pelesiran ("Curug
> > Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir Eurih"--wah 
mantab
> > eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale Paniisan
> > ("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti model 4S), 
jeung
> > Cahaya Syiar.
> >
> > ---
> > Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana karya 
media
> > citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing saha bae 
warga
> > Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang seratna 
kanggo
> > "Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: Wilujeng ka
> > dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos ngalengkah 
dina
> > usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. Hatur 
nuhun ka
> > Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung ku 
jinisna.
> >
> > baktos,
> > manAR
> >
> >
> >
> >
> >  <http://www.incredimail.com/index.asp?id=409&lang=9>
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> ::ri_1::
> Hompage : http://inawan.blogspot.com
>                  http://inawan.blogs.friendster.com
> Mobile     : +62-818-109410
> www.urang-sunda.or.id.
> su.wikipedia.org
> [email protected]
> [EMAIL PROTECTED]
> urangtasik.multiply.com
> inawan.multiply.com
>


Kirim email ke