Teh Pupung, Wilujeng sumping di babakan Kusnet Nepangkeun, abdi Ndoell, pameget, kasep. Kawit ti Kuningan, ayeuna damel di pausahaan Korea di Jakarta. Mangga sing betah tumaninah, tong noongan wae bilih bintitan. Diantos dongengna, susuganan aya mangpaat sareng bipaatna keur urang sadaya.
-dul- kuncen #8 --- In [email protected], "Pupung Permatasari" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Assalamu'alaikum Wr.Wb > > Nepangkeun, abdi nembe lebet ka ieu millist- kawitna mah mung hoyong > noongan wargi-wargi anu balakecrakan ngalobrol ku basa Sunda, kumargi > kabandang ku jenengan kang Deny Suwarja.... (kapungkur waktos abdi > kuliah di IKIP FPMIPA-Biologi angkatan lebet '86, gaduh rerencangan anu > jenengannana Deny Suwarja/pinter kanu bahasa Inggris, kapungkur bumina > di Batujajar, dupi ieu teh leres kitu Deny Suwarja anu eta??). > > Tos ampir 9 taun abdi ngumbara di lembur batur/Jepang, Upami kawit mah > ti Bandung, pun Bapa (Alm) asli Ciamis, pun biang asli Garut.... > Disuhunkeun kajembaran manah wargi-wargi sadaya supados abdi ditampi > ngiringan ilubiung ngamumule basa Sunda..... > > Haturnuhun kana perhatosan sadayana....... > > -Pupung Permatasari- >

