kang, nikah oge saterusna mah make urat,...hehehhe, kabayang mun make
surat wungkul teu make urat... hehehhe


--- In [email protected], "Yuliadi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> huahahaha si jay ngahaha meni ngeunah, bari nanya 
> "ari nyaneh nyaho singketan nikah".
> "nikah mah lain singketan"
> "ari nikah teh tina NIdihan KAHayang", jelas si jay
> "cik, cik!!"
> "au ah elap". bari ngaleos
>  
> 
> -----Original Message-----
> From: ndoell [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, February 16, 2007 9:08 AM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] Kawin
> 
> 
> 
> "Jay, kamari tatangga uing kawin"
> "Kawin ? jeung naon ?"
> "Naha make nanya jeung naon, nya jeung jelma atuh.."
> "matak naon ari ka jelma mah, nikah kitu.."
> "Ih ari maneh, geuning dina ijab kobulna eta nu lalaki
> teh ngomong kieu : Saya terima nikah dan kawinnya..Neng Anu binti 
> Anu.."
> "Kitu ? mun kitu mah nikah jeung kawin teh beda atuh ?"
> "Nya jelas beeeedaaaa atuh, nikah mah make surat, ari kawin mah 
> make urat"
> "maksudna ?"
> "maenya nu kitu-kitu wae kudu dijentrekeun ?"
> "Ih, meh jelas atuh"
> "Hayang jelas ?"
> "Enya atuh, meh apal .."
> "Hayang apal ?"
> "Enya atuh, meh puguh.."
> "Mun hayang jelas, mun hayang apal, mun hayang puguh....
> geura nikah tuluy kawin we atuh .."
> "Geuning maneh nyaho ?"
> "Naon tea ?"
> "Heueuh soal eta"
> "Nya nyaho atuh"
> "Nyaho timana ? apan can nikah jeung kawin ?"
> "Nyaho soteh, puguh lalajo pan kamari, matakna uing dongeng oge"
> "Lalajo soteh nikahna, ari kawin-na ? lalajo teu ?
> "Nya henteu atuh, maenya nu kawin dilalajoanan"
> "Nya sugan we, naha atuh lain dilalajoanan ?"
> "Heueuh atuh apanan, eta mah urusan maranehna duaan, hakna.."
> "Ari kitu geuning ...?"
> "Naon ?"
> "Geuning harita gujrud soal artis jeung anggota DPR nu keur kawin..
> tuluy dilalajoanan ku jutaan jelma, tina henpon, tina, VCD jeung
> sagala rupa. Samemehna mah komo, leuwih loba pan kajadian sarupa
> kitu teh.."
> "Eta mah beda deui atuh..."
> "Naon bedana ? apan sarua keur kawin ?"
> "Enya da eta mah kagorengan atuda"
> "Naha atuh geuning raresep lalajo kagorengan batur ?"
> "Ih atuh teu nyaho..."
> "Naha teu nyaho ?"
> "Ah meugeus...siah !"
> 
> -dul-
> tukangteuing
>


Kirim email ke