teh...kumaha sih hoyong janten guru di sakola  teteh?huehuehehe.......internet 
gratis 24 jam!..wah..bakalan teu  uih-uih yeuh......ngadon ngadekul we 
dipayunan komputer..hihihii..
  
  heran..kunaon atuh nya aya fasilitas gratis kitu teu aya nu antusias  
ngamangpaatkeun. kumaha murid2na hoyong maju mun guru2 na kitu. pan  guru teh 
digugu jeung ditiru. tong eleh ku murid nu geus cararanggih  atuuuh....kursus 
gratis.....naon deui?batur mah hoyong kursus teh mayar  awis....mun kursus 
internet aya nu 150rb. 
  
  sok atuh pa guru,bu guru...urang majukeun pendidikan di  indonesia.kumaha 
carana? nya urang kudu melek informasi atuh...kudu  apal teknologi saeutik we 
mah...teu sesah pan? awalna hese mung kaditu  na lancar geura.....malah matak 
deudeuieun..hehehehe..teu percanten?  tanyakeun ka kang ndoell....
  
  abdi mah karaos pisan mangpaat internet teh..teu kudu sesah2,naon wae  nu ku 
urang dipilari,tinggal klik.......ngaburudul eta informasi  ..positip negatipna 
mah kumaha urang we nyaringna.......leres kitu?
  
  
  be possitive,
  
  
    
    Lygia Nostalina,SH  
    Operational Manager Pacific Data network  
  Komplek Bumi Panyileukan Blok D4 no 3 bandung 40614
    telp. 08179265770 office. 022-7835099 - 7810017  
    www.pecintahujan. multiply. com  
    www.pecanduhujan@ blogspot. com
    
  
  
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
  
indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                       
           
Haturan kang Mj, damang...?
   
  Kataji  pisan eta aya acara nginternetkeun guru b sunda SMA.. Kumaha kang MJ, 
 eta guru-guru teh antusias..? sabaraha jalmi anu lalatihan teh....?  mayar 
teu..?
  Teteh mah didieu puguh keur lieur, jeung  pusing neangan jurus supaya guru2 
daek kursus komputer. Boro-boro  nginternetkeun bisa wae heula kana komputer, 
mani sesah euweuh kahayang  guru-guru teh, padahal diruang guru teh tos 
disayogikeun sababaraha  hiji komputer lengkap fasilitas internet 24 jam, naha 
anggeur wae tara  aya anu nyabak.....batur mah, hayang internetan teh kudu ka 
warnet  mayar deui, ieu mah kursus jeng internetan teh haratis......tapi 
suwung, guru komputer kalah manyun teu aya murid. 
   
  Kitu  kang MJ........lain agul si teteh, eta  sakola aya internet teh  menang 
hese beleke, tapi program si teteh can jalan.....kudu  kumahanya...? sugan kitu 
bere wae hadiah bermalam di hotel berbintang, syaratna kudu   daek kursus...!
   
  Matakna, pendidikan di Indonesia teu maju2 da guru-gurunna embung 
maju.........punten kang..! si teteh curhat.....he he
   
  ipeut
  (nuju ngahuleng jentul)




  
  
                      

 
---------------------------------
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.

Kirim email ke