"Maneh disebut Dorna, Dul" "kusaha ?" "ku si Eta !" "si Eta nu mana ?" "si Eta nu Itu tea ning !" "Owh enya, bae lah" "Bae kumaha ?" "Apan manehna nunjuk ka uing teh ku curukna lin?" "Enya.." "Ari opat ramo nu sejen-na nunjuk ka saha ?" "Eu....nunjuk ka si Eta atuh, ka manehna sorangan" "Heueuh, matakna.." "Jadi ?" "Ah, antep we..." "Antep kumaha ?" "Heueuh antepkeun, tuluy sia-na ngajedog..tong gandeng, teu nyaho aing keur nyeri huntu?" "....."
Leres Kang, nu nyarita bari teu puguh eunteup seureuhna komo bari jeung nyayahoanan (ceuk urang Kuningan mah, nyanyahoning) teh matak batur anu teu puguh-puguh oge jadi hayang ngalodetan ku korong. Matakna kudu mindeng lalajo nu gelut teh, meh apal kasalahan batur, bari diajar apal kana kasalahan diri urang sorangan. Ari soal hubungan Tukang Gelut jeung tukang nyeupah mah duka, da maranehna teu bebeja ka abdi. heu heu Salam Gelut oge.. -dul- tukangteuing --- In [email protected], "Suteja Amijaya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kang nDoell, > > Naha geuning bet sarua jeung kuring resep ningali nu gelut. > Trus, ieu mah tamba kawaranan we hayang nanya ka akang salaku mang Ohle > (daek kasep, resep euy gaya kang nDoell siga teh). > Kieu, naha aya hubungannana antara tukang gelut jeung tukang nyeupah? > > Nu karasa ku kuring, lamun aya nu ngabustam komo bari murang- maring asana > teh kateuteuari dilayanan oge. Ngan pastina oge -meureun- eta teh pedah cara > nepikeunana henteu puguh entep seureuhna. siga niu luier ailas palabliut. > Pan puyeng ka nu maca oge. siga agan mantri tawa agan wagub nu padu engab > ngomentaran masalah banjir. Boa dina hatena mah lain kitu. Ngan kusabab > nyakitu tea atuh, TEU PUGUH ENTEP SEUREUHNA. Jadi we nu tadina matak > nyenghel oge tungtungna jadi nyentug, nyigeung ka sarerea. Ceuk ahli mantek > alias tukang diplomasi mah jelema nu hese nepikeun eusi hatena kalawan > merenah, cenah sok rada hese oge newak pamaksudan omongan batur. > > Cara nu kungsi kaalaman ku babaturan. Ambek beak karep, murang maring nepi > ka nelepun ka kantor (pusat). Pedah basa keur dititah ngalongok kantor > cabang nu anyar dibuka, eta sakadang panto hese dibuka. > "Naon maksudna ieu teh? Teu resep ka kami, hah? Cing atuh didinya salaku > ha-er-de kudu bisa menerkeun nu kieu-kieu acan mah. Piraku sayah, orang > pusat, rek disabotase ku urang daerah?" > "Punten, pa. Aya naon. Manawi sim abdi tiasa ngabantos?" > "Halik siah. Pantar opis boy cologog kawas maneh piraku teuing nyaho! Tah > ieu bebengok panto macet, hese dibuka! Silaing naon wae gawe teh? Cing atuh > bisa-bisa ngaminyakan meh teu seuseut kieu." > "Punten, pa. Cobian geura ditarik, alimeun didorong rupina mah," si OB bari > nyenghel. > Ana ditarik, teu sakara-kara bray we eta sakadang panto muka bari teu kudu > make tanaga rosa. > "Bener mah heug atuh bere tulisan sing eces, meh teu ngalieurkeun batur," > keukeuh embung eleh bari ngepeskeun dampal leungeun nu dipapaes ku ramo > sagede-gede hui cilembu, nu titadi mula nutupan tulisan dina gagang panto > anu unina "PULL" > > Ah lieur ketang, mikiran hubungan antara tukang gelut jeung tukang seureuh > mah. Mindeng ngareungeukeun tukang teuing. > > "Jadi kumaha atuh, kitu salah kieu salah...." > "Tah kitu. Da hantem wae kieu mah jangar ka uingna gen" > "Kitu kumaha?" > "Heueuh, nu kitu we." > "Cabok ku aing siah!" > "Hayu! Jeung urang mana....?" > > Salam Gelut (utamina kanggo ka anggahota Bandung_Gelut_Community), > > ::teja:: > urang cibarusah, jurus pamungkas penca TTKDH >

